Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Jumat, 28 Agustus 2009

Hampura abdi ...Gusti....







Gusti ...sajeroning kuring hirup jeung ngeusi kahirupan ieu tada teuing geus loba dosa loba kasalahan nu tanwande bakal di penta pertanggungan jawabna ahir baring
duh gusti pangeran abdi abdi nyuhunkeun pitulung dijauhkeun dina halangan harungan nu tangtu bakal marengan hirup kuring ,masalah kasusah kabingung geus pasti datang silih gantian mudah-mudahan abdi sing dipasihan kasabaran ,katawekalan
Gusti..abdi rumaos pernah salah tincak, teu satia satuhu ka Gusti, ngalakukeun nu teu dipikaresep ku Gusti...duh wirang , wirang pisan upami Anjeun teu nutupan kana sagala kasalahan abdi teh tada teuing kolot jeung kulawarga kuciwa ka abdi . hatur nuhun gusti abdi dipapasihan dodoja sareng gogoda teh teu lami , nyuhunkeun dijauhkeun kana kaawonan nu baris nyilakakeun diri...Amien

Conto surat : Nolak cinta............


Kahatur kang Yusup,
Kang kumaha damang? mudah-mudahan salira aya dina lindungan Allah swt
Saparantosna abdi maos serat salira kamari kalintang bingahna ,dumeh salira tos kersa merhatikeun diri abdi nu sakieu buktosna kirang sagala rupina.
Kang sanes abdi bade nampik kaasih salira , nolak kanyaah ti anjeun
nanging dina danget ieu abdi nuju aya nu diudag , aya ambisi nu bade di ais hoyong neraskeun heula sakola dugi ka beres sadaya . abdi alim kang upami nampi salira kin salira teu kaperhatoskeun da abdi seueur pisan kagiatan nu tangtos waktosna ge moal cekap sajam dua jam. Kang dugi ka ayeuna pisan abdi sanes teu butuh cinta ,sanes teu palay gaduh papacangan nanging da kumaha kieu kaayaanana teu tiasa ngabagi waktosna.mugi akang ulah lepat sangka ,dido'akeun sing enggal kenging jodo nu bageur ka salira
rupina serat ti abdi mung sakieu ,mugia teu janten bendu
upami aya kalepatan nyuhunkeun dihampunten pisan
hatur nuhun
Salam hormat,
Euis komala

Conto surat cinta........


Kahatur panutan ati ,

Kumaha engkang damang? mugia salira aya dina kawilujengan
Engkang upami anjeun terang eusi kalbu abdi ayeuna moal boa engkang nyeungseurikeun ,gumujeng bari moyokan....
naha? da ieu engkang abdi teh bet tibelat emut wae ka salira
dina jero lamunan mun engkang nu kasawang , kapidangdam
Engkang emut teu basa urang jangjian rek patepang sawewengi abdi mah kirang kulem da sanes dikamar seueur rengitna da duka atuh ieu rasa kabagja-bagja teuing da hate bungah liwat saking
harita urang patepang ,ngobrol paduduaan ,heureuy suka bungah gogonjakan
naha salira gaduh rasa sami kitu? enya maksadna sami sareng abdi nu teu weleh sono pinuh ku ka asih ka salira? mun enya teh kitu atoh pisan ieu jeroeun dada .
Engkang emut teu salira basa urang duaan aprak-aprakan nyucrukan lembur batur tepi ka kalangsu pisan harita teh mangsa nu pang endahna , sapapanjang jalan urang teu weleh bungah bari jeung sakali kali ramo urang pakepis silih rames pinuh ku duriat .inggis
ku bisi rempan kusugan abdi mah engkang, inggis engkang ayeuna tos hilap ka abdi tos mopohokeun abdi .
duka atuh engkang ningal nu sanes ginding asa ginding keneh engkang ,ninggal nu sanes kasep asa gandang keneh engkang. kieu meureun rasana kajamparing asih kabentang kupanah asmara teh nya? matak suda dahar matak hese sare.
Engkang basa anjeun sms ka kuring yen anjeun nyimpen ka heman ,ka kangen,kaasih ,katresna
duka asa kumaha mah kuring teh, asa jadi putri nu pang untungna nu didama -dama ku para dewa,asa kagunturan madu kauurugan menyan putih bungah kagiri-giri

Engkang panutan abdi nitip nitipnya ieu rasa asih katresna ulah diapilainkeun ,ulah dimomorekeun , anggur mah urang ipuk ku kadeudeuh jeung kaasih urang duaan mudah-mudahan Anjeuna ngawidian
mung sakitu heula serat ti abdi tilam kasono ti katebihan .

ti abdi kembang liar sisi kebon
Euis komala

PAUD



Pendidikan Anak Usia Dini
ieu teh hiji tarekah keur ngatik barudak nu can asup ka Taman kanak-kanak , supaya engkena lamun geus meujeuhna asup ka TK barudak geus biasa hudang isuk jeung ulin atawa bersosialisasi jeung lingkungan sakola. nu dihanjakalkeun ku kuring lamun budak keur diajar kolotna atawa pangasuhna sok ilu biyung kajero kelas atawa mang nuliskeun , mang gagambarkeur jsb . padahal eta teh lain ngadidik nu alus , antep bae ke mun di imah latih ku ibu sing nepi ka pinter. malah kuring kungsi ningali budak dipolototan ,di jiwel mun kahayang indungna teu saluyu jeung nu dipigawe anakna..tungtungna indung ngahegak kesel budak ceurik diciwit...pesen kuring keur kolot budak. ngadidik teh teu kudu ku heuras , teu kudu galak ...lalaunan tingal contona lamun urang ngeusian cai kabotol lalaunan jeung sabar botol bakal pinuh jeung saeutik cai nu kapiceun..tapi lamun urang hayang buru-buru wae , rusuh tinangtu eta cai bakal awur-awuran teu asup kabotolna ..kan mun kitu mah mubadir lin?
hayu urang ayeuna ngatik budak urang sewang -sewangan ku cara nu cerdas
kolot kudu leuwih aktif ti budakna , kudu leuwih heula nyaho , kudu diajar terus supaya teu katinggaleun jaman....
nu paling penting kudu daek jeung resep maca...jung geura angkat ka Desa ,asup ka TBM -Taman Bacaan Masyarakat ,cokot buku naon nu ku ibu dipiresep baca, mun teu cukup waktu bawa ka imah da gratis ieuh....
Maca....maca....ibu-ibu kudu maca
Salam sono,
Pembina PAUD Pinayungan
Syarah Yusuf

Bulan Agustus 2009







Upacara 17 belasan teh waktu nu kukuring di dagoan hate sok ngarasa ngageter mun pareng nyanyi lagu "Indonesia Raya " teh. komo mun geus tungkul bari ngado'a mah sok teu karasa cai panon ngembeng wae pedah cengeng kitu kuring teh?naha kuring sok kagagas lamun keur nyanyi lagu "Padamu negeri" teh .eta pedah kuring can bisa ngawujudkeun eta jangji-jangji kuring ka bangsa ? enya sigana mah...kuring ngarasa jeung rumasa can bisa babaktika ibu pertiwi...jeung rumasa boboro bisa ngabdi ka nagari ,masrahkeun jiwa jeung raga keur nagara malah mah mun loba kagiatan desa nu ngurangan balanja kuring sapopoe ge sok ngarasa lebar jeung kadang agul ...pedah bisa nyumponan kabutuh desa ti duit sorangan
padahalmah eta teh euweuh satai kukueun perjuangan para karuhun urang baheula..pejoang kamerdekaan..
mudah-mudahan ieu lengkah kuring nu pondok teh nya saeutikna aya guna jeung mangpaat utamana mah keur kulawarga jeung lingkungan dimana kuring cicing.....amien.
jalma nu can bisa babakti tepi ka danget ieu pisan
Katingal diphoto kahiji kuring nanggeuy piala- Juara kahiji lomba pidato temana " Peranan Wanita dalam Pembangunan"
Photo ka 2 - wadya balad desa Pinayungan
Photo ka 3- pasukan 45
photo ka 4- para kuwu sa kecamatan Teluk jambe timur
Bu Lurah



Sawah nu ngemploh hejo..........



Wetaneun lembur kuring masih lega keneh sawah , sawah batur hehehh....tapi kuring ngarasa atoh nalika ieu sawah teu kaburak-barik jadi pabrik atawa perumahan teh , bubuhanana ayeuna mah geus loba pisan budak nu teu nyaho timana asalna ari sangu nu biasa didaharna ,teu apal ka tanggal pare jsb.
di ieu sawah basa kuring ololeho mah loba pisan manuk belekokna ...teuing naonnya di daerah sejen disebutna ..manuk nu jangkung buluna bodas . bangau apanya? duka teu apal....harita mah lamun pareng ka sawah eta manuk teh sok baris digalengan aya kana ratusna.....
kuring ayeuna teu ningal hiji-hiji acan eta manuk teh. Naha kamarana ari anjeun??? kuring sono ka mangsa 30 taun katukang basa lembur matuh banjar karang pamidangan teh subur mamur ...loba sawah,loba kebon,buruan lalega keneh, imah urang lembur paranggung keneh...kuring sono mun ningal nu panen balik ti sawah ngantai nu naranggung ,nu nyaruhun..ih..sugan mah endah pisan kaayaan jaman harita...
Alhamdulilah ....Gusti maparinan disket nu sakitu lobana teuing sabaraha juta giga nu ayana di alam pikiran di jero otak(Gaib teu katingal) jaman jeung kaayaan baheula nepi ka ayeuna natrat jelas keneh jiga pilem nu diputer mun pareng urang nyawang mangsa katukang .
Subhanallah nuhun gusti kusagala kanimatan nu parantos dipaparinkeun ka abdi...coba pikir manusa mah emang aheng dibere kaistimewaan ngan urang nu kudu bisa ngaji dirina...coba dina pangambung titenan aya sabaraha juta giga ingetan kanu masalah babauan gaib deui wae...mun urang nyebut nangka eta ambung tos apaleun kumaha sengitna ari nangka kitu deui mun urang nyebut kadu manehna geus apaleun sengitna kadu...manusa mahluk pangsampurna-sampurnana mudah2an urang bisa mangfaatkeun kasampurnaan nu dipaparinan ku Gusti....amien yarobal alamin...
mahluk nu teu wasa
syarah 28 agustus 2009 ( jum'at)

Jumat, 14 Agustus 2009

Papahare...botram

Na resep pisan ari keur budak mah dahar babarengan ngariung jeung babaturan teh sewang-sewangan marawa bekel badami di mana rek papahare teh geus meunang tempat nu cocok bringweh ngaleut geus nepi brak maruka timel ngahuap dahar bangun nu ponyo pisan
nu katingal di photo mah sanes papahare ketang eta mah ngadon dahar hehheh...teu nanaon ketang neng ,jang ibu mah resep lamun baturna Dinar anak ibu nu cikal mawa balad ka imah teh sok disina tuang weh saaya aya bongan sok daraek wae atuh ari dititah tuang teh ..puguh atuh.gratis geto lho....
taruangna tara ieuh didapur da sok resep di taman bae handapeun tangkal buah nu iyuh
col sambel,belewek sangu,sup sayur haseum nikmat pisan katingalna teh

upami tos emamna tong isin wasuh piringna nya....



Pasir randu


Do you know what is Pasir Randu?
Pasir randu is an out bond adventure place ,Located at Cikarang West java is specially prepared and designed comprehensively for out door advanture,Team building,etc.
will you join us? come on.....


Tochigi lembur panineungan


Harita teh taun 99 dikantor kuring nu mimiti diayakeun test pikeun saha wae nu hayang ka jepang minangka na mah disakolakeun ku kantor kuring ge teu talangke geuwat daftar ngiluan test ,tepi ka imah buburu bebeja kabapana yen kuring rek ngiluan test keur ka jepang nyungkeun widi tiditu na mah da apan salaki kuring bageur pisan enya weh satuju pisan.
nu ngilu test aya kana puluhna : test tulis jeung lisan materi na mah nya eta ngeunaan olahraga Golf ,aturan maen,etiket jsb.
Alhamdulilah geus sababaraha kali test aran kuring aya wae ,hate bungah bari jeung ratug ngahareupan test nu panungtung poe ieu.
test poe ieu teh wawancara nya make bahasa inggris jeung bahasa jepang campur ku bahasa urang oge..nya kuring ge ngajawab sabisa-bisa make 2 basa eta teh bari jeung tatalengtogan ge bubuhana kuring mah teu kungsi ngilu kursus anu formal ngan diajar sorangan bae mukaan kamus jeung neangan buku bacaeun otodidak tea meureun.
*(meuli buku jeung kamus jepang mah nu murah jeung loba macemna hareupeun permai caket pasar uler tea geuning tanjung priuk jakarta utara)
isukan aran nu bakal di sakolakeun teh rek dipajang
kuring ngemplong basa aran kuring aya keneh di keretas nu ditempelkeun dina bor hareupeun pos satpam ngan hate rada ngageter ras inget ka anak kuring nu cikal nu harita mah kakara 3 taun umurna teh. tapi ah...kasempetan hamo datang dua kali pamikir teh hate kuring geus buleud rek miang.
sateuacan angkat kuring jeung babaturan nu lulus test teh diajar heula bahasa jepang , di kursuskeun di kantor pusat nu aya di jakarta lantey 25 harita teh di gedong Wisma nusantara
meh unggal poe bulak -balik ka jakarta teh da guruna orang jepang langsung nu gawena di jakarta.
barang geus sagala beres bral kuring jeung batur liana angkat ka jepang nagara nu geus ka impikeun keneh ti kamari-kamari.
angkatna aya saeutik halangan nu jadwalna ti jakarta langsung ka hongkong teh teu jadi kulantaran di hongkong keur ada badai taipun nya kuring jeung nu liana di transit di singapura ditempatkeun di hotel river view nepi ka waktuna tee off. hemeng ningali singapur mah euy...kulantaran kacida bersihna eta nagara matak resep nu ningal jeung nyicingan
kira-kira jam 10 peuting bral kuring ka bandara deui nu terusna mah ngalayang dugi ka jepang
jam 7 isuk-isuk kuring geus nepi ka bandara Narita dipapageun ku nu rek mawa ka asrama ngarana "Fujimori" Kira-kira 2 jam perjalanan nepi ka asrama teh kuring jeung babaturan nganuhunkeun ka "Fujimori san ".eta asrama teh ngarana JOSEI RYO teuing naon hartina ieu asrama teh boga Nagano Golf nya didieu pisan pagawena cicing katut kuring saparakanca
katingal diphoto kuring nu kenca,Astini tengah,jeung Tio. jeung photo nu luhur engkos,cecep urang sunda nepi ka NIKKO euy.....tingal daun sae nya? HAPA IRO-IRO....sugoi ne....omosiroi..
Tochigi ken -Tochigi cho iraha kuring bisa ka ditu deui ? jalan-jalan, balanja di Ito yokado ,fukudaya ,bari ningalian rupa-rupa tatangkalan nu endah.diuk ditaman nu pikabetaheun
asa ku heran ningali tangkal kesemek nu buahna leubeut pisan nu di jepang mah di sebutna "buah kaki" ah....Tochigi lembur panineungan pinuh ku rupa-rupa kenangan

Odong -odong .............




Sok nginget-nginget jaman baheula waktu kuring keur bolon harita mah jaman teh keur sagala hese ,sagala jauh,boh kitu deui hiburan mah teu nyampak jeung loba kawas ayeuna

jaman baheula mun pareng aya pasar malem di lapangan desa kuloneun imah kuring, nya harita bisa hiburan teh kayaning naek kukudaan ,komedi puter jsb.

tapi ku jaman ayeuna nu ngaran sagala gampang hiburan teh teu sirikna disantrog -santrogeun ka panto imah ..nya kitu na mah nguntungkeun ka ibu-ibu nu keur repot masak atawa nyeuseuhan teu ngudu ngasuh heula sawatara anakna keur naek odong-odong mah .

odong-odong nu ngider teh loba pisan macemna aya nu momotoran siga nu keur ditaekan ku sibungsu ,aya nu kakapalan, kukudaan jrrd.

sakali naek budak teh mayar sarewu rupia diwatesan 3 lagu nu bakal disetel ku si emang

hadena teh laguna lagu nu payus keur barudak coba mun laguna goyang dombret teu nyambung kan? hehehehe.....

kadangkala si bungsu mah tara mahi 3 rewu sakali naek teh ngarana ge budak bageur daripada lulumpatan terus labuh mendingan keun sina anteng naek odong-odong

(tuh katingal dipoto ge lambeyna A tegar ceda keneh tilas kamari gebis)

jeungna deui itung-itung mantuan si emang nu keur usaha pikeun anak pamajikana

terus boseh mang....laguna ganti mang pelangi-pelangi weh...ceuk indungna bari keprok

Nuhun mang....ke enjing kadieu deui..


Babaturan sakelas....








Babaraha bulan katukang kuring jeung babaturan sakola ngayakeun reuni tempatna disakola nu nepi ka ayeuna eta kenangan sakola teh teu weleh matak tibelat .sanggeus reuni bet kuring meunang pangalaman nu kacida endahna nu moal boa kaalaman deui....ulah meureun heheh....

kulantaran basa reuni babaturan sakelas teh teu kumpul kabeh nya kuring jeung babaturan ngayakeun reuni sakelas nu diayakeun di imah kuring ah saung kuring tegesna

panyana teh nu datang bakal loba tapi nu datang teh nu kamari-kamari keneh heheh...batur kuring si wiwi neleponan ka sakabeh babaturan sakelas nu nomerna aya dihapena ditanya datang moal? nu ngajawab moal anggur di gerendengan kumanehna heheh...rasain baru tau rasa ceuk kuring bari ngaheheh....nu kumpul ngan aya sababara urang nya tetep rame ketang dahar balakecrakan jeung sayur haseum,teri,sambel tapi teu burung nikmat weh

rengse dahar ngobrol ngaler ngidul nginget-nginget jaman baheula nu pikaseurieun terus jalan-jalan kaempang tukangeun taman nepi ka ngarujak pisan.

ngarujak teh buah ngora wae da nyaeta nu ayana ," anjir..kira-kira euy lada pisan ceuk si wiwi nya kukuring sambel na coet teh diduakeun ,nu na coet di gulaan deui teu burung ngeunah geuning bari jeung lada pisan ge tepi ka ceuli ngahieng katorekan heheh....

babaturan nu mawa budak mah rame garah-geureuh budakna nu kacida balangorna sarua jeung sibungsu anak kuring..pastina"

kira-kira asar babaturan baralik teh bari jeung aya nu punta penta sagala.

hadena ngan menta bibit tatangkalan nu aya dikuring coba mun menta duit moal dibere pisan hehehh.....


kanggo rerencangan sadaya iraha rek nganjang deui?

diantos .

I Miss U


Takokak...obat kanker?

Kanker adalah satu penyakit yang sangat ditakuti oleh semua orang ,menjadi momok yang menakutkan .apalagi seorang wanita sangat takut bila mendengar kanker leher rahim .
Nah suatu hari saya pernah menyaksikan acara TV dan yang menjadi bintang tamunya adalah seorang artis kenamaan ibu Rima melati beliau adalah salah seorang yang pernah menderita kanker tetapi atas berkah Tuhan beliau bisa pulih kembali seperti sedia kala . yang mengagumkan adalah beliau menyampaikan bahwa ada satu tanam obat yang begitu ampuh membersihkan rahim dari penyakit-penyakit dan sel-sel kanker yang akan berkembang biak .Tanaman itu adalah Takokak kalau di daerah jawa barat dan pokak kalau di jawa tengah semenjak itu saya jadi terinpirasi untuk menanamnya Alhamdulilah berbuah lebat saya selalu mengkonsumsinya dengan cara disayur asem atau dioseng dengan teri cukup enak rasanya,sejauh mana khasiatnya ..?silahkan anda mencoba.
yang terpenting tumbuhkan "PHBS" perilaku hidup bersih sehat , tidak sex bebas, selalu membersihkan vagina dengan air bersih,menggunting sebagian rambut vagina setelah selsai menstruasi,tidak memakai sembarang produk untuk vagina tanpa konsultasi dokter jangan lupa ibu-ibu harus tetap periksa kesehatan ibu terutama kesehatan rahim ibu
yang bisa di cek melalui "papsmear" segera ya bu..jangan ditunda.
semoga bermafaat

Salam
Semoga sehat selalu

PKK sareng kagiatan-kagiatana






























Tos janten kawajiban hiji istri kapala desa nyarengan carogena dina unggal kagiatan pamarentahan salah sahijina nyaeta pkk eta mah tos resiko jeneng bongan kersa janten kuwu

enggoning ngeusi rupa-rupa kagiatan teh kuring mah sakapeung sok rada bingung ngatur waktuna kudu pinter-pinter milih jeung milah mana nu kudu kukuring dihadiran mana nu bisa diwakilkeun ka anggota

Tapi lamun acara rapat jeung pangaosan desa mah kuring nu ngatur sorangan da kuring ketuana

mere jadwal teh kuring sok poe saptu bae ngarah rineh da kuring teu ngantor .

tugas jeung kagiatan desa nu liana keur kuring mah mangrupa pangajaran hirup , nambahan elmu nu loba gunana keur balarea.kagiatan bulanan pkk mah aya ka 3 kalina

kahiji kagiatan pkk kabupaten, kadua kacamatan, katilu desa

ari kagiatan pkk desa mah sok dilaksanakeun teh sarengsena pangaosan al hidayah bae supaya waktuna sapoe reujeung.

Pkk teh ngajarkeun sagala elmu anu kacida mangpaatna komo pikeun ibu rumahtangga mah

ngajarkeun carana akutansi ringan , ngeusian rupa -rupa buku kagiatan, notulen buku bantu jsb .ngan nu paling penting ngajarkeun jadi ibu rumah tangga nu binangkit , berbudi ,parigel boh na widang koprasi,lingkungan nu sok di sebut" hatinya bersih " nyaeta : halaman tertib indah nyaman bersih , penghijauan nu di wujudkeun dina mangpaatkeun pakarangan imah nyaeta melak rupaning Warung hidup :tomat,cengek,cabe,saledri,jsb. jeung Toga : Tanaman obat keluarga : apotek hidup contona jahe,koneng,cikur,samiloto,kumis kucing jrrd .

salian ti pkk kuring oge ngilu ngurus posyandu, paud jeung naon bae kagiatan nu ngabantu pagawean desa .

Di photo katingal kuring keur ngahadiran wisuda barudak PAUD,Bu camat nuju ngecek sagala kagiatan unggal desa dina acara bina wilayah,kuring dina acara pkh(program keluarga harapan), kuring jeung kader posyandu,pkk desa, kuring mariksa buku bendahara pkk keur ngaudit basa kerena mah heuheuh.....

Alhamdulilah dina sajeroning ngeusi kagiatan boh pkk,posyandu atawa pangaosan kuring dibantu ku anggota-anggota nu satia ,balageur,jeung araktip.

hatur nuhun ka ibu-ibu sadayana nu tos kersa nganggo waktosna kanggo kagiatan desa jeung nu ngarojong simkuring dina sagala rupina .ibu -ibu nu tos kersa ilu biyung dina kagiatan nu sakitu seueurna tanpa pamrih hampura kuring salaku ketua seueur kakirang tibatan saena

mugia ALLAH SWT ngabales kasaean ibu-ibu sadayana amien....




Kamis, 13 Agustus 2009

Qurban.....


Geus datang deui geuing lebaran haji teh padahal mah asa kamari, na kubetah-betah teuingnya di alam dunya teh...nepi ka sataun teh bet asa sapoe
Taun ieu mah Uana barudak teh qurban sapi nu biasana qurban teh di jakarta harita mah di lembur , bongan di jakarta mah teu sirikna unggal taun qurban sapi teh aya kana puluhna di hiji masjid na beda deui jeung di lembur lolobana mah nu qurban teh domba jeung domba deui
Ya...Allah mudah-mudah roh eta sato nu diqurbankeun ku abdi sing sampurna
ngalah engke di alam nu bakal ka sorang bisa nulungan kanu geus ngurbankeun nana
amien...........
karunya nya ningalna tapi emang sato mah diciptakeun pikeun kasampurnaan manusa nu ariman...

Reuni............

Dina hiji sore paamprok jeung babaturan sakola spg di dokter umum manehna
(ade yayu kelas 3c) ngabejaan yen barudak rek ngayakeun reuni tapi harita mah teu ngobrol panjang lebar samalah mah teu menta no hape-hapena acan da kalaweur si bungsu ceurik wae bubuhan keur rada hambar budak teh.
teu lila ti harita nya kira2 samingguan torojol wiwi (nu baju koneng ) datang ngabejaan reuni tea
lamun teu salah mah tanggal 9 mei 2009 rek reuni leutik heula. rek ngiluan moal cenah tgl9 teh moal cekeng teh tgl 9 mah aya perlu di kantor desa aya rapat pkk.manehna menta no hape geus meunang mah leos weh manehna indit .dina hiji peuting kuring narima sms ti wiwi yen eusina jadi reuni gede teh tgl 21 mei 2009 poe kemis.
Poe harita teh kuring ijin ka bapana rek reunian jeung babaturan sakola malah manehna nu nganteurkeun tepi ka gerbang sakola oge.
hate ratug ningali buruan sakola teh sok inget jaman katukang mangsa rumaja nu pangendahna
kuring leumpang ret ningali saurang awewe nu sigana mah pantaran kuring ku kuring disidik-sidik tapi tetep weh teu apal manehna ngan ukur manggut kuring imut na hate mah ngomong ."..ih sahanya ? ah lain babaturan ...piraku teu apaleun mun enya teh manehna listingan kuring mah"pikir teh.
leumpang teh terus weh teu iyeuh luak -lieuk da era parada loba budak SMA pantaran kuring baheula keur spg keneh heheheh..... nu keur ngarobrol jeung pada baturna sing caleungir .
gogonjakan.tapi aya saurang budak awewe ngabejaan "Ibu bade reuninya? tanyana .muhun cekeng teh.ih kalangkung tuh itu kelasna..ceuk manehna bari nunjuk ka kelas di deukeut gerbang ..kuring unggeuk nganuhunkeun....
ih...dasar ceuk hate teh nyalahkeun sorangan da tadi teu tatanya kabudak nu loba deukeut kelas eta..enya da ku era tea. kapaksa balik deui bari rada beureum beunget
jog nepi ka hareupeun kelas aya nu ngajak sasalam awewe tapi kuring jujur teu apal kamanehna
eta awewe digamis panjang ,tiung panjang."Lala nya? ceukmanehna ..enya kuring ngajawab daria tapi tetep teu apal saha manehna.punten ieu sahanya ceuk kuring ati2 da bisi disebut sombong
"kuring Salma manehna ngajawab ..oh inget ayeuna mah ieu teh si salma nu baheula mah apal teh ningal rambutna nu kriting sok dibeungkeut hiji.
barang asup kakelas kuring sasalaman silih rangkul jeung babaturan mimitina teh salaman jeung tina,emil,kang asma,enda,A lili,A dede, jsb harita ge babaturan nu sakelas mah nu rada anggang diukna geus ngagupayan wae...tapi dalah dikumaha sasalaman teh dipapay da era kudu ngaliwatan nu lian mah ..kapaksa nu keur ngomong di hareup teh mun teu salah mah kang asma atawa A lili nya kaganggu heula dan kuring datang pandeuri bari jeung biasa awewe mun geus lila teu amprok teh sok gegerewekan...
gep kuring sasalaman jeung budak awewe nu leubeung keuring teu apal arana manehna ge teu apaleun ka kuring .sahanya ceuk manehna kuring ngajawab sakena na "Manohara cekeng teh bari seuri" manehna seuri bohong ketang Lala kelas B ceuk kuring ,kamih ceunah ceuk manehna
heueuhnya ...geus lila pisan jadi paroho deui nya teu pira teu amprok 18 taunan heheh....
kuring muru babaturan sakelas teu burung rame harita nu hook mah ningali hiji batur sakelas nu baheula na mah leutik,kuru, rambutna panjang na....ayeuna eta awakna sagede ehem...tapi moal kalingkap kamanehna mah ningal waosna nu di ratakeun teuing naon disebutna nya kabiasaan daerah sukamandi lamun budakna geus dewasa.ih....sugan mah harita meni resep pisan kasono budal ngan hiji hanjakalna teh babaturan tukang pasea teu datang ,ktelahna si onyon-onyon si heri ketang aran aslina mah nu baheula mah kungsi neundeun harepan ka kuring.
tiap urang kudu ngeusi daftar hadir jeung nulis no telp na tuluy eta kertas teh diphoto copy dibagikeun ka barudak , kulantaran harita teh geus waktuna " maksi"atawa makan siang tea
antukna sarerea musyawarah brul weh sarerea mangkat ka hiji rumah makan ngarana "Pemancingan Ajo" pedah bisa marancing nu dahar didinya mah atawa sabalikna
kuring harita ngilu mobil A lili geus jadi haji si akang teh. (qori International lagee..wow kereen)
kuring salaku
babaturana ngilu reueus ari babaturan sukses teh.
budak tayanan / papatungan ngumpulkeun duit pikeun mayar maksi tea saurang 30rewu sewang geus dahar jeung sosonoan mah brul weh baralik.
kuring ningalian hape sugan aya sms tibapana tapi teu aya geuning cekeng teh
leumpang sorangan bari ningalian hape nu geus reup -reupan da batrena geus lemah
tapi teu karasa aya hiji budak lalaki beda kelas nu ngajak ngobrol ka kuring , kuring ngahaminan weh daria najan teu pati akrab ge da ari karak amprok deui mah tetep weh sono.
manehna ngobrol nanyakeun babaturan nu teu datang nya kukuring di bejaan yen si A teh keur aya perelu ka anu dalah sms nu keur peuting dikirim ku si A ka kuring ditembongkeun kamanehna supaya manehna maca.
leumpang teh ngarandeug da geus kudu pisah jeung manehna...kuring manggut seuri manehna pon kitu deui..tapi manehna ngomong tong poho sms ka kuringnya bari nyebutkeun nomer absen manehna nu aya no hapena..kuring seuri bari ngajawab Insya Allah...ti dinya mah tuluy weh muru wiwi nu ngadagoan da sarua numpak mobil pa Dosen ..nebeng deui wae ah..da hape bet pareum batuna "lowbat".

I don't know why ,since reunian Iwant to meet U...saurna
Goodbye....

Kejutan....

Pulang kantor biasa gk ada yang istimewa di rumah padahal hari ini ulang tahunku
apa mereka lupa ya? pikirku.
si sulung yang tanggal lahirnya cuma beda sehari juga cuex .........aja , padahal biasanya dia yang minta dibuatin ini itu aku lahir tgl 19 dan dia 20 jadi pantes aja dia diem aja
kan besok ultahnya dia huh.....
"ma sebenernya sih ada suprais buat mama "kata si sulung waktu aku mau tidur ..nah lho ...apa tuch? tapi karena aku ga dibeliin mendingan buat aku aja katanya menggoda eh gk deng ntar pas jam 12 malem aku kasih ke mama dech.
aku tidur ...pas jam 12 malem aku dibangunin ada seikat bunga kuterima dari suami dan sebuah kue ulang tahun dari si sulungh ...bagi 2 ya...kata si sulung...eh pelitan ni ..hari ini ultahmu ,ultah mama kemarin kataku "
hehehe....ternyata supaya gk beli kue 2 ...biar saja ultahku mundur kan ngirit tapi dipesennya tetep pake nama yang ulah tahun duluan...
Tuhan....terimakasih atas segala apa yang telah kau berikan padaku mudah-mudahan aku mahluk yang selalu bersyukur menikmati segala karuniamu.
di usiaku yang sudah semakin senja ini aku merasa belum bisa menjadi orang yang baik dan dewasa tapi setidaknya aku selalu belajar untuk menjadi lebih baik dan dewasa
"Long life eduction" adalah kata yang selalu ku ingat ,dan pendidikan itu tidak selalu didapat dari lembaga formal saja di lembaga non formal pun kita bisa mendapatkanya.
kedewasaan akan hadir dengan sendirinya sesuai dengan pembelajaran yang kita dapatkan dari waktu ke waktu.



For all my family,

I LOVE U


Nu kapidangdam.....




Geus jadi kapastian mahluk nu hirup bakal maot tapi urang teu apal iraha urang maotna, nah kusabab kitu dina sajeroning urang hirup rengkak jeung paripolah urang kudu diatur
nya aturana mah tos aya tina agama sareng aturan nu ilahar dipake ku balarea
kumaha sangakan urang inget ka maot? nya salah sahiji na mah ngalayad upami aya kamaotan atanapi nyekar ka kuburan .ieu teh makam ema nu kukuring dipikanyaah
saentosna ema teu aya teh kuring mah nepi kagegeringan kapidangdam beurang peuting
harita teh jam 7 isuk-isuk keneh , ema engap napasna katingal beurat pisan kuring neangan beca
sanggeus meunang clak ema ditaekeun dibaturan kukuring
palebah gang katingal di jalan raya macet pisan da emang biasana ge jam sakitu mah keur meujeuhna loba pisan nu make eta jalan beus karyawan ngadered panjang kitu deui motor katingalna aya kana puluhna
kuring menta ka si emang nyetop beus-beus supaya beca bisa ti heula antukna nepi oge ka klinik teh da emang deukeut sabenerna mah.kuring daftar jeung bebeja menta ditiheulakeun da katingalna ema tos ripuh pisan, hadena teh nu jaga harita kenaleun...bu lurah saha nu teu damang teh..? tarosna. ieu indung kuring geuwat bantuan ceuk kuring teh
indung kuring di pariksa terus disuntik di ubaran ,tunggu cenah satengah jam istirahat weh di didieu ceuk dokterna.sanggeus nunggu satengah jam katingal indung teh geus meueusan napasna teu katingal beurat jiga tadi ,paromana teu pikawatireun teuing
ayeuna mah ngemplong ceuk ema teh ,kring atoh indung dibawa balik
di jalam ema ngomong ka kuring yen ema ngarasa tumanimah mun kuring nu ngabaturan berobat teh ceunah pedah ka kuring mah loba nu wawuheun tea meureun jadi ema teh sok gancang di talek terus diubaran.
poe eta tanggal 01 july 2004 kuring digawe jiga sasari ngan rada penting poe ieu mah bubuhan aya atasan nu datang ti singapura ,jam 2 beurang hape kuring disada lanceuk nu awewe nelpon yen ema kudu dirawat ayeuna geus asup rumah sakit ,kuring nanya kaayaan ema ripuh pisan?
apa kuring kudu balik ayeuna?
teteh ngajawab ema masih bisa calik jeung teu engap napasna ,hate ngemplong jeung ngomong ka teteh yen kuring moal bisa balik ayeuna da masih rapat keneh
balik gawe muru rumah sakit ema siganu atoh jam satengah 3 peuting kuring balik
isukna awak lalungse pisan kuring teu asup gawe tapi nya dasar kudu kitu kuring teu buburu karumah sakit angkeuhan teh indung katingalna geus sehatan jeungna deui apana ngomong karumah sakit teh tos jumahan weh cenah.
kira2 jam satengah 12 kuring ngarasa teu ngenah hate apana nu rek angkat jum'atan teh di wagel weh...antukna angkat ka rumah sakit .di tengahing perjalanan motor nu ditumpakan ngadadak pareum tapi teu lila hirup deui kuring boga pirasat yen ieu kila-kila goreng
bener pisan dugi ka rumah sakit ema tos ngantunkeun nembe pisan
duh Gusti hanjakal sagede gunung ....bet lain tiisuk kadieu teh? hal ieu pisan nepi ka kuring kagegeringan teh sok ngantep ka kereteg hate nu suci nu ti isuk keneh ngabejaan kudu buru-buru miang ka rumah sakit
Dinten jum'at 02 july 2004 ema ngantunkeun bumi alam asa tungkeb,awak asa teu tulangan
tapi kuring sadar , sasadar sadarna yen tos papasten ema harita kedah mulih teh...
Ema lengkah anjeun pinuh ku kamulyaan, pinuh ku kanyaah nu tepi ka danget ieu pisan kuring teu bisa mulang tarima ka jasa-jasa anjeun.
Ema Ayu nu kukuring dipicinta,
Ema meureun kuring lain jalma nu sholehah tapi kuring ngusahakeun ungal poe ngado'akeun anjeun.dina do'a kuring mugia ema ditampi iman islamna dicaangkeun di kuburna.
mugia ema aya dina katenangan di alam kuburna amien...........
Hampura ema sakali deui hampura kuring can nyenangkeun pisan nuju ema jeneng keneh
can tiasa masihan anggoan nu pangsaena , can tiasa masihan naon bae nu ku ema dipikahoyong..
mugia Gusti Allah ngahampura dosa-dosa ema.
nah kulantaran ieu mun kuring ningal babaturan atawa saha bae oge nu masih keneh aya ibuna teu weleh kuring mah sok mere pandangan mun indungna kudu di nomer hijikeun supaya teu hanjakal engkena jiga kuring , naon nu dipikahayang ku indung mun kahontalmah bikeun,turutkeun .
mudah-mudahan pangalaman kuring bisa jadi eunteung keur balarea
I Always love you,Mom............forever

Ngeusi kahirupan...........




Sajeroning ngeusi ieu kahirupan loba kagiatan sapopoe nu ilahar dilakukeun ku balarea
ieu photo teh ti baheula dugi ka ayeuna jadi pami baheula mah nu okem keneh na photona oge...ayeuna mah leuwih nyopan katingalna...
















Geulis ,kasep sing salabar enggoning ngeusi ieu kahirupan bubuhan hirup mah munteu keur heuheuy nya keur keur deudeuh..............
Aranjeun bakal manggih tanjakan reujeung pudunan
omat ....sing bisa mawa diri
lamun keur nanjak ulah sok ngarasa ieu aing beunghar , anggur mah mere maweh kasasama
lamur keur mudun ulah sok bingung tuluykeun lengkap hidep da hirup mah lain ngan ukur dipikiran tapi kudu dilakonan..
Geulis ,kasep anjeun duaan teh kudu silih geuingkeun ..mun teteh aya salahna aa kudu nu mepelingna kitu deui sabalikna
urang mah jalma beragama ulah sok ngalajur teuing napsu ngumbar teuing amarah da eta pisan nu mawa cilaka teh...napsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan..
Anaking dina sajeroning hirup teh loba pisan gogoda dodoja ka urang teh
hayu ti ayeuna urang diajar hirup , diajar ngambah kahirupan nu sakieus matak baluasna
tuh tingali dunya nu sakieu legana geura taklukeun ku rasa jeung pangarti ....rasa nu suci keur tutulung jeung pangarti nu murni pikeun babakti..
omat....sing bisa ngigelan jaman
ulah kabawa sakaba-kaba , hartina ngigelan jaman teh urang kudu bisa ngendalikeun rasa jeung hawa napsu ayeuna jaman geus canggih nu alus nu goreng geus nyampak tinggal urangna nu bisa milih jeung milah ...
omat anaking ngigelan jaman ayeuna hartina urang kudu loba kanyaho, sayagi kabisa ulah kabobodo batur nu tanwande mawa cilaka...
geuwat geura diajar teknologi canggih ulah gaptek...sing pinter dina masalah elmu nu keur midang jaman harita.....
ti ema nu teu weleh nyaah ka anjeun,,,,,,,

Tempat nu ariyuh...........



Ieu teh tempat karesep mamah upami dibumi salian ti kamar sareng dapur
eta tatangkalan nu di bonsai
ku Apana
lumayanlah leutik oge ieu taman teh ngahasilkeun tambahan oxigen pikeun kasehatan urang
upami usum buah mah ieu taman teh langkung pikaresepeun .buahna leubeut pisan dugi ngalempay dahan-dahana

Si cantik Rosella.....

Waktu saya masih SD bunga ini banyak dikebun sengaja ditaman oleh kakekku ya seperti biasanya dikeringin dan dibuat seperti teh cukup tambah gula dan es kalo mau segar sekali rasanya dulu saya nggak tau kalo bunga ini adalah obat herbal
kalo tidak salah dulu almarhum kakek manggil si cantik ini "Angrem" apakah ini nama bunga Rosella di daerah sunda? saya kurang tahu pasti tetapi kini sicantik Rosella menjadi primadona harganya pun cukup bersaing dengan harga teh bubuk.
Anda suka Rosella?
Coba saja dan nikmati khasiatnya
dari penggemarmu cantik

Rabu, 12 Agustus 2009

Kekembangan.....












Duka pedah istri abi mah resep pisan ka kekembangan teh komo upami bunga bank mah ...heheh ieu aya sababaraha rupa kembang diantawisna anggrek upami teu lepat mah "mainil", kembang ros lokal, sareng kembang krokot nu warna kayas
krokot anu dipelak di taman teh aya nu bodas,batik,koneng gedang atawa jingga sareng anu bereum nanging teu acan diphoto
katingalna burem atuda ngango kamera jadul mung 1.3 mega pixel
ieu kekembangan teu unggal usum aya kadangkala tos kembangan teh lami deui ngantosan kembangan deui teh




Pacabakan.....

Cita -cita mah nuju smp teh hoyong janten guru bahasa inggris
upami nuju kelas bahasa teh sok kataji ku Ibu nina , anjeuna nerangkeun teh jelentre pisan sok langsung nerap weh ...ngartos maksadna.
ti smp neraskeun ka spg ....mung eta tea teu kahontal cita-cita teh....
ayeuna mah pacabakan tebih ti jalurna nyepeng keuangan atawa finance tea ceuk basa ayeuna mah tapi dalah dikumaha ditampi weh di syukuran
cobi weh...emutan diajarmah pan kana cara ngajar nu dipidamel ayeuna perbankan ti pesen giro,kliring,transfer, dugi ka jual beuli artos asing teu nyambung nya? wios ach....tos nasib diri bagja awak...ditampi...tumarima ...Alhamdullilah.
tapi di bumi mah sok rajeun aya nu dongkap murangkalih hoyong diterangkeun bahasa inggris
nya kaubaran kasono ngajar teh.....

Selasa, 11 Agustus 2009

Ulang tahun.......


















Aa masih inget ga waktu liat singadepok ini? iya pinter ...bener banget cayang...

waktu itu Aa kan ulang tahun yang ke 2 tanggal 16 agustus 2008

nah...esok paginya mama n papamu ngajak Aa ke Jln Tuparev liat pawai tujuh belasan rame ya...

ini sengaja mama photo buat Aa...ini kesenian asli sunda lho ....singadepok dari daerah subang jawa barat

Aa orang sunda harus tau budayanya harus bisa bahasanya

ma harap Aa mau pakai bahasa sunda jangan sampe hilang dari muka bumi ini ya..heheh...

"Happy Birthday my boy" we love you........full....hahahha....