Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Senin, 12 Oktober 2009

Unggah bale watangan



Kajadian ieu teh pieunteungeun keur kuring mah, jaman geus robah nu salah jadi bener ,nu bener disasalah
dongengna tgl 2 oktober teh nu ngaronda dilembur kuring mergokan jalma nu ngalontrak keur ngalakukeun pagawean salaki pamajikan /pasatemon .harita ku ronda teh ditalek tapi teu daek ngaku wae bubuhan saruana awewe jeung lalakina ge lain urang dieu asli , teuing timana asalna. kulantaran nu ngaronda teh budak rumaja hungkul teu antaparah deui eta nu lalaki na teh di tampiling ku babaraha urang tos kitu mah pa rw teh gancang laporan ka pembina supaya urasana gancang beres, na bet lain jadi beres atuh malah pabeulit pabaliut....
kusabab pembina teh laporan ka polsek sagala,,,,
gancang carita poe saptu isuk-isuk pulisi geus sing kulinting di harep imah, barang bray panto dibuka maranehna nanyakeun bapana , harita bapana nu keur ngusey mandi ge gagancangan nepungan bapa2 tamu da hayang nyaho naon pisualanana .mimiti bapana ge bingung da teu nampi laporan nanaon boh ti rt,rw komo pembina mah...kari-kari geus kajadian kieu kababawa deui wae....ngabandungan carita bapa2 tamu teu lian nu ditampilingan ku ronda teh oknum pulisi anyar ,ngora keneh .
kasalahan ronda lembur kuring nyaeta maen hakim sorangan tea geuning, sabab geregeten da si pelaku teh bet teu daek ngaku wae,jeung deui lain waktu lain wayah mondok moe di awewe nu lain muhrimna.
tapi kulantaran pelaku teh hiji pulisi bet nungararonda teh ayeuna diasupkeun ka penjara ,bapana salaku lurah geus usaha satekah polah supaya barudak bebas ,bisa sarakola jeung kuliah jiga biasana.
eta cenah nampiling mah ceuk kuring pribadi mah anggap weh pelajaran da bongan geus ngalakukeun pagawean teu uyahan di lembur batur. tapi ayeuna teu bisa kumaha da eta laporan si pelaku teh bet jadi penganiayaan...har???????
ieu kasalahan utama teh ti aparat rt,rw nu teu laporan heula ka lurahna, bet nyokot tindakan sorangan? kieu balukarna teu asak beuleum...keur barudak ronda oge mugia ieu jadi bahan pangajaran keur hirup aranjeun saterusna...mudah-mudahan aranjeun buburu bebas deui...kasusna buburu rengse karunya.karunya pisan ka maraneh nu teu meunang kaadilan.na kamarana jalma nu rek ngagungkeun kaadilan teh? teu araya kitu ?
ari ngaronda pan eta teh kapeuntingan jalma loba , kaayeunakeun mah arang langka nu daek ngaronda teh da salian ti tiris peuting2 ngurilingan lembur teh ,euweuh penghargaan pisan ti sasaha oge. ngan ukur salahna hungkul nu sok dipalire teh.
Naha kajadian ieu bet manjang,naha kudu ditebus kitu barudak nu ngaronda teh ? ku duit yuta2 matak daraek ngaronda ge pan barudak teh hayang kulian lin? da budak teh barudak sakola nu geus kolotna teu mampu mere duit pikeun kaperluan maranehna.
emmh,,,,,...kuring sedih jeung bingung naha bet kieu jadina.nya mudah2an kajadian ieu ulah jadi lantaran ke dilembur euweuh ronda...wuih cilaka...

Do'a keur aranjeun mugia Allah Taala sing ngabuktoskeun nu salah tur nu bener saenggal-enggalna



Rongkah.............


Kuring sedih jeung nalangsa ningal batur jeung dulur katunggaraan teh. Naha teungteuingen Gusti Allah teh? tapi gancang kuring istigfar ,lain bebendon kajadian ieu teh tapi ukur pepeling kamanusa kabeh yen nu maha rongkah anging Allah Taala .Lini /Gempa di sumbar teh kawilang mokaha loba pisan korbanna ge
nu tiwasna, teu budak teu kolot teu lalaki teu awewe .Ngan urang kudu inget samangsa-mangsa Allah mere cocoba teh kusabab jalma bisa nyangharepanana .duh sedih naker ningalna loba desa nu ambles, taneuh-taneuh longsor, imah jeung wangunan sejena pabalatak rata jeung lemah.
Lemah cai kuring nu endah asri, kiwari keur ceurik ngabangingik ,sedih kingkin,alum dimana-mana do'a disanggakeun ka aranjeuna nu tos teu aya dikieuna.Tasik,Pangalengan,jeung Padang Pariaman acak-acakan diburak-barik ku gempa bumi ,Ya... Allah... mundut dihampunten sagala dosa perdosaan mahluk sadaya nu kumelendang di alam dunya hususna mah uarng Indonesia
Kanggo baraya nu keur saredih hayu urang sasarengan dzikir ,agungkeun asma Anjeuna Allah swt.
mugia kajadian ieu ulah kasaba karasa ku anak incu urang di jaman nu bakal datang .Amieen....

Ti nu can bisa ngabantu nulungan batur nu keur katunggaraan

Syarah
12 Oktober 2009( senen)




Jumat, 09 Oktober 2009

Silih upahan...........


Mun urang keur sararedih sok rajeun aya nu ngupahan sok asa ngemplong pipikiran ,teu berat teuing sagala rasa nu keur nyangred ngagubed pipikiran teh ngurangan .kitu deui kuring ayeuna keur silih upahan jeung anu keur sarua tunggarana .emmm...kuring nukeur nalangsa sok rajeun meunang sms pangupah rasa nu keur sedih kingkin kitu deui lamun nu lian sedih sok rajeun kukuring diupahan ,diheureuyan supaya imut deui bungah bihara bihari....
Hirup jeung kahirupan pinuh ku rusiah ,siloka....kuring teu apal iraha rek sedih, iraha rek manggih bagja ,kabungah. tapi hal ieu pisan nu ngajadikeun hirup teh pinuh ku romantika tea geuning ....
cacakan mun ningal saujradna kadang nu keur sehat jagjag belejag ge anu geur waktuna maot mah maot weh
aya deui nu keur geuring ripuh tur katingalna ipis harepan ari Gusti Allah ngersakeun panjang umur mah cageur deui weh sehat wal afiat deui....
Tah dumasar hal ieu pisan urang ulah sok teu mirosea ka waktu . dina dawuhan Allah ge geuning " Demi masa sesungguhnya manusia kerugian" mun nalungtik eta basa mah jigana jalma nu sok ngagampangkeun,ngalilakeun lamun rek ibadah boh shalat atawa amal-amal anu sejenna.tungtungna mah kaburu teu aya waktu ..seep waktuna , tinggaleun...
nya urang mah mudah-mudahan asup kana golongan jalma nu ngahargaan waktu...amien....

Rabu, 07 Oktober 2009

Nganjang ....Ngaliwet....


Barang ningal aya sms asup teu talangke buburu dibuka , sms teh ti wiwi nu eusina teu lian ngajak ulin ka elis nu imahna di pangkalan minggu 04oktober 2009 harita dibales disanggupan, kuring sms deui ka sobat nu lian nyaeta omat, marangkat teh make motor bae da make mobil mah sok lila ngetemna ceuk wiwi. kuring boncengan jeung wiwi ,omat make motor sicikal mio.sajajalan ka pangkalan teh ngadongeng weh jeung wiwi kabeh dicaritakeun babaraturan nu kainget mah kasebutan sakapeung mah bari sing ceuleukeuteuk seuseurian samalah mah tempat nu rek dituju ge kaliwat -kaliwat acan da jongjong teuing ngobrol teh...dodol pisan heheheh....
tatanya ka bengkel teh dibejaan yen tempat nu dituju teh kaliwat kana 3kiloan ambuing-ambuing....
kuring nelpon ka elis menta manehna nungguan sisi jalan nu bisa mah make bandera selamat datang jiga jalma nu nungguan di airport tea geuning...marake tulisan ngajeblag sagede-gede taeun,,hahahh...ulah piktor ah...sagede tulisan we....
si elis ngajanteng sisi jalan kuring sabatur-batur eureun muru imahna ,ngaropi bari ngarobrol nunggu sangu liwet asak...barang sangu liwet asak tuluy dalahar bareng balakecrakan teu ieuh make piring cukup diamparan daun cau batu bae anu badag kacida.
deungeuna mah lauk emas nu meujeuhna teu gede teuing di beuleum, sambelna kacang suuk, jeung tungri na ieu dahareun teh karak apal didieu eta teh jantung cau jeung teri geuning rasana mah lumayanlah teu matak mabok ah aya-aya wae tuda ....hahahha...
beres dalahar nyaritakeun babaraha babaturan nu geus sarukses( Pa dosen, A lili) malah mah pa dosen mah di sms sagala da dititah...saha nu nitah? aya weh moal dibejaan bisi eraeun nu nitahna bubuhan patilasan anjeuna pa dosen teh hemmm....
tuluy arulin kalanceukna elis nu imahna sebrangeun jalan tapi teu lila der hujan gede naker ...kapegung di imah batur ,keur ngaharuleng aya nu nelpon kahp kuring sing horeng teh ti pa dosen tea terusweh anjeuna mah ngobrol jeung batur kuring tea.
padahalmah tadina rek balanja heula ka pasar loji rek meuli turubuk jeung jantung cau.....dalah dikumaha hujan teh lila pisan geuning tepi ka satengah 3 .
reureuh hujan kuring pamitan tuluy baralik sapanjang jalan teh paur salian tas raat hujan pisan jalan sok leueur katambah jalan teh aya nu keur dibeton nya mawa motor teh teu bisa kenceng jadi lalaunan bae...
tepi ka imah teh jam 4 an sore.tuluy ngabaraso /cuanki di imah kuring dasar awewe sakitu geus barang dahar wae teh ari ningali baso mah meuni hejo...
teu lila batur kuring baralik....deuh...lamun tas kumpul jeung babaturan sakelas teh mani asa ngora deui heheh...sagala dicaritakeun ..ke urang ulin deui nya..!!!
cag ...................
04 oktober 2009 minggu

Senin, 05 Oktober 2009

Nalangsa..........






Geus sababaraha poe ieu angkeub, katingal langit ge mendung pinuh pihujaneun panon poe lir suda rek kaluar,mega-mega ngadadak hideung...
sora guludug nyentug ka jajantung matak jauh panineungan....
Lieuk gunung lieuk lamping , jauh ka sintung kalapa
Lieuk deungeun lieuk lain jauh ka indung kabapa
emmm....Gusti ieu alam nyimpen kasedih,ngilu lara balangsak,nalangsa lir hate kuring
ayeuna.....
enya saestuna pati nu teu pasti iraha rek diala?umur nu teu ka kujur iraha rek dibawa kabur?
mung Gusti nu terang tina sagala rusiah alam jeung mahluk nu nyicinganana
harita ge basa kuring keur tunggara menang iber yen aya hiji rencang sakola nu dikantun Ibuna (H.Lili Wahyudi.S.Ag) pupusna basa marema pisan ,sing sabarnya Lili ,.........nasib urang sami dikantunkeun teh pas keur mapag poe hade,wanci suci nu biasana mah pinuh kukagumbiraan pisan .bedana mung 3 dinten jeung pun bapa.
Pun Bapa " Muhamad Yusup" pupus 16 sept 2009
Ibuna Lili " Siti Tarwah" pupus 19 sept 2009
menang beja teh ti Tina Septina Garniantin liwat sms wawar pikasediheun teh yen Lili kenging musibah.panginten teh ari pameget mah moal sedih kingkin jiga kuring tapi ari ditalungtik mah geuning sami anjeuna ge sedih tur nalangsa. memang ari rasa mah ayana dijero ati nu pangjerona katingalna mah biasa bae nanging di atina mah jumerit pinuh ku kasedih,kapeurih.
kuring surti basa ningal soca anjeun Lili pinuh kukasedih tapi anjeun teu ningalikeun kabatur
harita wiwi,tina,tuti,tatang,lala datang ka bumi anjeun teh supaya anjeun sumanget tur tabah.
mudah-mudahan Aranjeuna nu ngantunkeun urang sing ditampi Iman Islamna ditempatkeun dina tempat nu layak mungguh Alloh...amien....
Lili ...kasedih anjeun jeung kuring ulah teuing kajongjonan, dipahing lain ku agama ge anggur mah hayu urang daro'akeun nu tos ngantunkeun teh , jeung deui geura soson-soson urang nengan pibekeleun maot. mugia urang sadaya sing tarabah dina enggoning mayunan sagala cocoba.
Nu keur samagaha pipikiran ,tur nalangsa rarasaan....
Syarah Yusup

Kanggo Lili .........
hayu geura imut deui tong ngalimba waenya!!
tuh tingal barudak nu perlu papatah jeung apingan urang
salam kasadayana kaluarga



000000000000

Pajaratan......


Kungsi harita kuring ge ngadenge yen bapa moal lila deui aya didunya teh
tapi kukuring mah omonganana teh teu ieuh di anggap
majar teh eta baju bapa geura bikeunan, taneuh pajaratan geus dicirian
harita bapa nyarita yen kudu buru-buru anggeus mushola teh
nya rengse awal romadhon pisan
basa nyekar memeh puasa ,carita dulur
yen bapa nyirian pi kuburaneun teh ku batu bata 2 siki
amanatna kudu di dieu gigireun kuburan ema
kuring inget bapa anjeun mah satia pisan ka almarhumah ema teh
teu jiga nu lian...
kuring ngarasa reueus ,atoh boga bapa jiga anjeun
anjeun mah geus ngurangan kanu kadunyaan teh
lain pedah geus kolot da emang sifat anjeun mah basajan pisan
ras deui kuring inget kana almenak tanggal meunang ngabuleudan anjeun
nyaeta tanggal 16 september 2009 ,anjeuna mah siga nu surti yen tanggal eta pisan bakal mulang teh ...emhh...bapa emang manusa mah darma wawayangan teh lain bobohongan
ngan ngadagoan pati wungkul....ngadagoan dalang bosen ngulinkeun
bener...bener pisan waktu anjeun ngandika yen urang kudu ibadah sadrah sumerah mung ka ALLAH TA'ALA ...ibadahna urang salaku manusa teh ngan hiji tumarima kana sagala kersa ANJEUNA
Duh...bapa anjeun mah emang picontoeun kuring pisan
Shalat puasa teu tinggaleun, nyaah kasasama , jadi sumanget pikeun balarea
pinuhku elmu kanyaho nu tada teuing engke mah hese pigantieunana
loba kabisa nu matak hemeng pikeun anu jadi anak2na
mugia bapa ngarasa tumaninah tur aya dina panangtayungan ANJEUNA
Amien........
nu keur nyoba ngalengkah neruskeun hirup nu geus karasa mimiti longkewang

Taneuh beureum.............


Dina pagaliwotahna rasa jeroning ati
ngan hiji nu pangseringna kaluar nandakeun eta rasa nu pangkuatna
rasa hanjakal ....
hanjakal kuring teu nyarengan anjeuna dina mangsa-mangsa ahir hirupna
hanjakal kuring teu aya digigireun anjeuna nalika anjeuna emut keneh
dalah dikumaha mangsa moal datang deui waktu kaburu ganti
eta hirup di dunya teh ku asa samporet wae kurang sagala rupana
sanajan kitu aya rasa bungah oge ihlas ...da anjeuna mulang teh teu kasiksa lami
alatana mah mung lebet angin...,gampil teu nyusahkeun pisan cacakan ngan sakilat raraosan teh
ihlasna sok emut cariosan anjeuna nuju jumeneng keneh mun maot teh hoyongna gampil ,tumaninah,beresih,repeh rapih nya ieu kabuktianana
ehm.....emut keneh basa buka sasarengan katingal bapa segut nakeur nyuruput teh manis tuluy nyocolan bala-bala haneut da kitu geuning sepuh mah mun aya nu nyarengan nembe ponyo barang tuangna teh....

Taneuh beureum.......

dina gundukan taneuh anyar ngagali
katingal runtuyan kembang malati
pandan,tur sengitna kembang kananga
dicampur ngajadi hiji

dina gundukan taneuh beureum
katingal papan kembar anyar nulisan
netret jelas kakasih anjeun
nu tos teu aya dikieuna

tuh tingali bapa unggal soca ngalimba
ngarasa leungiteun....ngarasa sedih kingkin
ngarasa kahilangan hiji pamingpin
nu sakitu saderhana na
nu sakitu ceceg pancegna tina patekadan

tuh tingali bapa unggal lambey teu cicing
teu weleh ngagalindeng ku dzikir-dzikir pidu'a
ngarasa sono, ngarasa melang ka anjeun
nu jadi tihang dina kahirupan maranehna

dina gundukan taneuh anyar ngagali
nya anjeun reureuh, sadrah sumerah
ninggalkeun sagala urusan dunya
ninggalkeun katineung, kaasih

dina gundukan taneuh beureum
jasad anjeun nu tinggal kakasihna
leutik ,seungit tur leungit
jadi kasampurnaan manusa
sampurna sampurnaning sampurna

mangkat ka alam padang panjang
nu caang narawangan.........
teu aya bandingna jeung sagala nu aya di dunya

mugia.......

My beloved father
Muhammad Yusup
I miss U,bapa

Kamis, 01 Oktober 2009

ULAH JONGJON TEUING.............

Baraya..........
alam urang geus teu bisa ditebak ,geus teu bageur deui urang geus mehmehan kawalahan ku ambekna ....tsunami tea, longsor tea, gempa(lini) ,jrrd
eta teh sabenerna sababiahna mah jelema-jelema keneh
jalma-jalma nu sarakah nu teu batur asal aing , kajeun batur rugi asal aing untung
tuh tempo gunung-gunung geus dirusak, teu dijaga sagala rupana
alam geus diranjah bumi geus teu dipalire , sagara teu diurus dikuras nepi kabeak
eta teh peta jalma-jalma hawek, jalma-jalma nu teu mikiran jaman nu bakal datang keur anak incuna.....
Ayeuna,,,,,,alam geus bosen mepende manusa nu teu nyaho mulang tarima
manehna geus bosen ngalayanan, ngaulaan ,mere ka manusa nu durjana
Alam ayeuna nembongkeun amarah nu rongkah bongan jalma teu bisa ngajenan dirina
kajadian alam nu geus kaalaman teu dipake eunteung ku sabagean jalma
ayeuna gempa keur mahabu di mana-mana , di jawa di sumatera dimana-mana
nu dumukmah korban teh nu teu tuah teu dosa
Gempa nu karasa ku sakabeh jalma diwewengkon jawa barat , kaalaman ayeuna ku urang sumatera nu leuwih rongkah matak waas ningalna...
Baraya ulah jongjon teuing....eta haliyah dunya nu sakitu balatakna , nu sakitu diperebutkeun nepi ka nandonkeun nyawa teh , teu dibawa ka alam kubur mah
hayu urang geura-geura neangan bekel keur aherat.....keur alam nu langgeng
omat ulah jongjon teuing....anggur bantuan batur nu keur butuh , talangan nu keur susah
baraya ulah jongjon teuing pedah urang keur senang keur aya dina kaunggulan boa
isuk geto eta musibah nimpa ka urang pisan''
Gusti.....hampura
nyuhunkeun di lekasan musibah-musibah alam teh
geuning jalma-jalma nu rongkah ,sarakah teu bisa nanaon


kajadian gempa di padang
30sept jam 5 sore --7,9 Scala ritcher
loba nu tiwas dina kajadian ieu......

Paturay tineung.........

Kahirupan dieusi kurupa -rupa rasa ,rasa sedih,rasa bungah
nu datang silih gantian bari jeung teu nyaho datangna , teu nyaho ingkahna
poe ieu kuring sedih....duka isuk pageto mah
sedih teh dumeh enggal keneh dikantun ku pun bapa
kuring pahatulalis teu indung teu bapa
hadena masih aya dulur jeung baraya nu silih upahan sangkan ulah sedih katutuluyan
jeungna deui salaku muslim teu diwenangkeun ku agama ngalulungkut kabingung jeung kasedih terus-terusan ...sok inget ka hiji lagu sunda ,mun seug di gerenteskeun danget ayeuna matak ngageri ati rambay cisoca.....
Aya mangsana datang
aya mangsana mulang
mulang jeung datang pinasti kasorang
najan hate pinuh ku kabeurat
ngagalindeng ngaturkeun wilujeung angkat
pileuleuyan.....pileuleuyan mugia patepang deui.........
Bapa.........pileuleuyan wilujeng angkat
mugia anjeun aya dina karidhoan ALLAH Ta'ala
Amien...ya robal alamin

ti kuring nu keur tunggara
26 Ramadon 1430 H


1430H LEBARAN ALUM .........Bapa ngantunkeun


Rebo 16 september 2009 ( puasa ka 26, 4 poe deui lebaran) jam 2 siang di UGD -RSUD
Karawang


Kira-kira jam 10- an bapana barudak nelpon ka no. kantor yen "bapa kuring /bapa engking"lebet angin saurna, awak pa engking tiis kacida tapi ayeuna mah geus meueusan cenah da karasa geus haneut ,ceuk bapana pa engking teh pada ngarancet peana, dikerokan sabisa-bisa, bapana barudak ge nawarkeun berobat tapi pa engking alieumeun eta ge dugi ka3kali ditawarana ge . harita kuring menta tulung ka bapana pang neangankeun ubar / pitulung sabisa-bisa ..
jam 1 beurang aya nada telpon asup di hp kuring katinggal no lanceuk kuring nu cikal tapi diangkat teh teu aya jawaban nanaon, kuring nelpon ka bapana barudak kudu buburu balik atawa langsung ka Rumah sakit umum da pa engking dibawa kaditu

hp kuring sada deui lanceuk kuring ngabejaan yen pa engking parah geus dibawa ka RSU kuring kaweur terus pamit muru RSU. sajajalan saberna kuring tenang ,tapi barang ningal kaayaan pa engking nu harita aya di UGD keneh kuring reuwas bapa teh geus teu emut ,jantungna lemah pisan, kuring ipis harepan. kuring terus ngadoa'a ,ngaharewos dicepilna mapatkeun jampe maot
Dokter
jaga jeung asistena geus nyoba sagala tarekah keur nulungan bapa tapi Allah ta'la tos neang yen pun bapa kedah mulang harita.
kuring jumerit dina jeroning hate , sedih teu bisa kumaha ,tapi kuring ihlas jeung ngado'a mudah2an pun bapa kenging tempat nu layak mungguh Allah....
Awak leuleus satulang sandi jabaning keur puasa katimpah musibah tehtapi kuring yakin sayakin yakina yen bapa mah mulang teh sampurna , teu ngariwehkeun, teu lila disiksa kunu kawasa , maot dibulan sae ,bersih tur ninggalkeun kahadean kasasama
emangna ge lamun disebut hook pasti hook pisan asa dsamber heulang ceuk paribasana bapa katingalna sehat teu geuring heula , malah mah isukna jam 8-an ngobrol heula jeung bapana barudak sagala...
kutan kitu ari umur teu aya nu terang ngadodoho ka urang malaikat tukang nyabut nyawa teh
ngabongohan " ceuk paribasa mah bangkong di kongkorong kujang teh lain bobodoan da urang teh terus didodoho ku pati"
hirup jeung maot lir benang nu ipis ,ayeuna hirup boa detik saterusna urang perlaya
bagea aranjeun nuhirup dijalan nu bener,nu balageur, nu saroleh hate.....

Ya ...ALLAH
mugia pun bapa ditampi iman islamna ,dicaangkeun alam kuburna,ditampi sagala amal ibadahna
Ya....ALLAH
mugia anjeun ngahampura sagala dosa-dosa anjeuna
Bapa...........
di hate nu pangjerona kuring menta pangampura
dumeh rumasa loba pisan kasalahan nu geus kapilampah nu ngaraheutkeun hate bapa
loba pisan kakurangan kuring salaku anak, nu teu bisa nyumponan pangabutuh bapa boh dunya boh tanaga ,boh waktuna...
Bapa.....
kuring percaya bapa mah bakal ditampi ku ALLAH Ta'ala ,sabab kuring yakin bapa jalma nu bener tur sholeh, tur nyaah kabatur, sok tutulung kanu butuh tatalang kanu susah
Bapa....
Wilujeng angkat mugia anjeun kenging kamulyaan dialam nu anyar Amien...........

Kuring nu nunggelis tur pahatulalis
Lebaran ieu teh ,lebaran nu pinuh ku cimata, tiap soca katingalna ngalimba