Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Rabu, 16 September 2009

Katumbiri...........


Basa langit bengras geus reureuh hujan
katingal katumbiri midang
endah lir ibarat lukisan
harita anjeun cumarita yen eta katumbiri teh
nandakeun putri -putri keur marandi
turun ti kayangan suka bungah arulin di mega-mega

Panon anjeun nu cureuleuk teu lesot ti katumbiri
ngan lambey anjeun terus cumarita yen eta teh nyata
harita anjeun nyaritakeun kunaon sababna para putri
marandi tas hujan .....
lain pedah di kayangan teu aya cai ,nanging para putri
hoyong ngintip jajaka urang dunya nu ceuk beja gagah tandingan dewa di surga

ehm....anjeun nu pinter cumarita
harita ngadongeng bari jeung panon teu lesot ti katumbiri
les-lesan katumbiri leungit
reup -reupan langit beurang ka ganti ku peuting

katumbiri anjeun tinggal carita
duka iraha anjeun datang deui dibarengan ku para putri
nu rajeun ngintip dunya ti mega -mega
kuring jajaka dunya
nu teu weleh ngadago anjeun datang

Neng........


Neng..
Timimita akang ningal anjeun
bet langsung kalinglap
dumeh sakian taun urang teu tepang
tepang harita lir ibarat munggaran

Neng...
Jantung akang dag dig dug nalika ningal anjeun imut
naha anjeun ayeuna beda ,kaluar aura na
akang terus merhatikeun anjeun
anjeun mah anteng teu apal nanaon
padahal ti harita akang geus neundeun rasa

Neng.....

Meureun anjeun teu apal basa harita akang tuturubun ngilu ngariung
padahal mah ngahaja eta teh supaya antel jeung salira
teu karaos kitu akang nembrag kana peupeuteuyan anjeun
kutan kieu kajamparing asih kabentang asmara teh?
Naha ieu rasa timbul ? lain usum lain wayah
Sababara poe akang huleng jentul
kumaha carana nepikeun ieu rasa ka anjeun
anjeun nu jauh jeung teu apal nanaon
harita akang usaha tarekah neangan laratan anjeun
nya meunang pisan , nya nepi pisan ieu rasa teh didugikeun ka anjeun

Neng........
sabenerna akang sadar , sadar pisan
akang teh geus nyieun dosa
tapi dalah dikumaha ieu rasa teu bisa kaubaran
ngan hiji ubarna iwal nepikeun sagala rasa nu aya dina jeroeun dada ka anjeun
nya ka anjeun pisan

Neng.......
Naha bisa kieu nya? kutan kieu ari cinta
cinta buta tea? ah duka .....
nu dumuk mah harita akang kapikiran anjeun bae
anjeun nu welasan taun teu patepang
padahal baheula basa urang sasarengan
sasatna sasakola tara ieuh pangangguran nanya ,carita
atawa naon bae , malah akang mah harita teh pan eraan
teu wani itu ieu era parada....

Neng.....
dina pagaliwotahna ieu rasa bet ayeuna timbul wawanen
sagala ngajak patepang , ngan urang duaan
enya ngan duaan ,ah kunaon harita anjeun bet nyanggupan
nya kacipta carita ieu.

Neng.....
hampura akang nu geus sologoto nyieun ieu kasalahan
kasalahan nu emang salah , balarea pasti nyalahkeun
sakali deui hampura


ti akang
nu geus midua hate

Selasa, 15 September 2009

Tralala--------Trilili.............


Terlalu pedih untuk ku kenang
Terlalu indah untuk ku lupakan...

ini ada lagu syairnya sediiiih banget
aku tulis aja siapa tau ada yang suka
kasih tak sampai gitu.........

kenapa ada cinta terlarang ya?
biasanya semakin dilarang malah semakin menjadi
ah biarkan saja mengalir seperti air........
atau biarkan saja seperti es krim ...nanti juga lumer sendiri
ehm....es krim

aku baru tau kalau kamu gak begitu suka yang dingin termasuk es krim
jika suka pasti kubawakan es krim ...satu ember kecil ....wow...tapi harus habis ya..
eh jadi ke es krim terus sich...

ini lagu dibawain ma Mita n Dara
anak-anak muda berbakat









Cinta Terlarang
THE VIRGIN

Kau kan slalu tersimpan dihatiku
Meski ragamu tak dapat kumiliki'
Jiwaku kan slalu bersamamu
Meski kau tercipta bukan untuku

Tuhan.......berikan aku hidup satu kali lagi
Hanya untuk bersamanya
Kumencintainya sungguh mencitainya

Rasa ini sungguh tak wajar
Namun ku ingin tetap bersama dia
Untuk selamanya

Mengapa cinta ini terlarang
Saat kuyakini kaulah miliku
Mengapa cinta ini tak bisa bersatu
Saat kuyakin tak ada cinta selain dirimu




aku inget dulu ada lagu taun 90-an lah

yang nyanyi Ita purnama sari n Janson ai klo gk salah

judulnya lupa....






Sejak kucium mesra bibirmu

hatiku terbuai dalam rindu

Tlah kuukir namamu sayang

dilubuk hati ini

Lihatlah bunga-bunga berkembang menghiasi cinta kita indah

Lihatlah rumah kecil yang mungil untuk kita berteduh disana

Dari semua yang ada hanya satu dirimu

yang kudamba dan kucinta sampai mati.....





ini lagu syahdu banget.....

Jumat, 11 September 2009

Boboran 1430 H

Mugia salira aya dina panangtayungan Gusti
Danget ieu waktu nu mustari mangsa nu sampurna
kanggo silih hampura ,silih bersihan
Nyuhunkeun kaweningan galihna tur kajembaran manahna
Ngaikhlaskeun saniskanten kalepatan diri
"Wilujeng boboran shiam 1430H,Minal Aidin walfaidzin"

Ti abdi sarimbit
Syarah-Yusup

Rabu, 09 September 2009

Hirup mah pa sangka-sangka....


Dina hiji poe kuring amprok jeung babaturan heubeul tanwande galecok nyaritakeun kahirupan sewang -sewangan . manehna guru geus PNS ceuk kuring manehna ngeunah da geus jadi PNS tea ,ngajar ngan sabaraha jam,loba libur,jeungna deui geus pasti pada ngahormat mah..
ari manehna nyangka kuring nu ngeunah teh gawe di swasta teu katalian ku dinas..jeung kitu tea pamikir manehna mah hirup kuring teh mewah teu jiga batur pedah bapana barudak teh Lurah
Padahal mah lamun urang nitenan kahirupan ; kabeh pagawean ge cape ,guru cape ,lurah cape komo pagawe sawasta jiga kuring.meureun katingalna wungkul beda,katingalna wungkul siga nu senang padahal mah susah senang mah kumaha urang.
nya eta kumaha urang narimakeun naonwae anu dibere ku Gusti Allah swt

Senang lain aya di batur,senang lain aya di luar negri
Senang mah ayana dijero ati ,aya di diri hayu urang neangan ku kabersihan ati ...
urang hegarkeun manah ku pikiran-pikiran nu matak bungah, singlarkeun sagala goreng sangka ka batur,ka dulur mudah-mudahan hirup urang senang

inget kuring baheula ....
waktu diajar rumah tangga
harita teh taun 95 mimiti ngontrak imah batur sabulan 70 rewu
kuring duaan usaha beurang peuting bari terus ngadu'a hayang boga imah sorangan paribasa kajeun sagede pelok oge...Alhamdulilah kajieun imah taun 96 ..sugan teh kahayang rek eureun , moal kahayang mah moal aya eureuna .
beres imah hayang meuli kebon,sawah , hayang meuli anu,meuli anu....murudul eta kahayang kadang kala teu sesuai jeung pangala urang...ulah ari kitu mah matak lieur sorangan .

wajar...eta hal teh sabenerna mah wajar,,,jeung emangna ge jalma mah kudu boga kahayang jeung impian ...lamun jelema geus eweuh kahayang, geus teu daek usaha,bahaya.....
tapi urang balik deui ka tujuan awal urang hirup ngan keur ibadah lain keur ngumpulkeun harta , ngumpulkeun haliyah dunya..

sok titenan urang kudu ibadah...geus nyaho cara ibadahna?
sedeungkeun urang usik malik teh mung Gusti anu ngersakeun.
Hirup teh loba teanganeun naon atuh nu kudu diteangan teh? nya eta ilmu maot...
ilmu maot sajeroning hirup...kudu diajar maot memeh maot...
latihan maot keur hirup.......,ambeh ke isuk jaganing geto mun maot teh teu reuwas teuing...
samalah mah kudu ngarasa ni'mat...

Hirup teh aya 3 rupa:
1.Hirup cicing: hirupna tatangkalan,tijukut-tepi ka jati
2.Hirup nyaring: nyaeta sato hewan,hirup -hirupna mah ngan baranghakan wae teu mikiran nanaon, ngalajur napsu
3.Hirup eling : nyaeta hirup keur manusa ,eta ge ngan jelema nu neangan jati dirina,neangan jalan balikna ,jeung ngawawuhan kanu nyiptakeun nana. ieu jelema eling teh ngan saeutik lolobana mah jelema teh hirupna ngan nyaring wungkul jiga sato . pan jelas dawuhan mantena ge manusa nu bakal salamet mah ngan sapertilu bagean nu liana mah moal kaarah bangkar.
naha urang kaasup hirup nu mana?

Duh gusti ....Ampun hijikeun abdi kana golongan nu sakedik weh, ka golongan jalma nu salamet
Amien................

Era parada............

Kuring nyarande dina korsi kapal (pesawat terbang) harita teh kakara balik ti jepang terus reureuh (transit)di singapur
teu lila arasup sarombongan kolot,budak marawa bungkusan tas balanja di singapur sigana mah ( di singapur mah sering aya obral barang-barang alus tea) ningali tina pakulitan jeung panona mah ...kuring apal maranehna urang tionghoa (cina)
ngan nu dipake heran kukuring harita maranehna galecok ngomong teh make basa sunda
kajeun basa sundana garihal ge kuring mah ngarasa reueus jeung asa atoh sagala ....
kukuring didengekeun sagala obrolan maranehna sakapeung mah hayang seuri sagala marukan teh euweuh nu ngartieun meureun...maranehna nyaritakeun harga-harga jeung sajabana nu tadi kumaranehna kaalaman di singapur.
Kuring ngalieuk basa aya nu nyebut aran kuring teh...tapi da teu wawuh eh jeung na deui eta jelema teh lain ngageroan kuring geuning tapi ngageroan anakna nu kira2 9 taun umurna.....
eta jelema urang cina tea nyarekan anakna make basa sunda nu lumayan kasar pedah harita budak teh jauh ti indungna nu keur neangan korsi keneh....
kuring terus ngadedengekeun obrolan maranehna da kadenge wae atuh ngomongna baredas naker singhoreng mah maranehna teh ti karawang sarua jeung kuring
leng kuring ngahuleng sok inget ka awak sorangan , ka bangsa sorangan nu geus meh wegah make basa sunda teh....komo lamun ngomongna dilingkungan nu elit mah...model di pesawat,hotel jsb. kuring harita asa meunang pelajaran ti eta urang tionghoa teh...
maranehna lain urang sunda pituin daraek make basa sunda bari jeung garihal ge....
urang sunda pituin geus era makena,era poknam kagok pajar teh...
lain batur-batur teuing kuring ge di imah mah sok asa hese ngajarkeun sunda ka barudak teh bubuhan unggal usik budak teh ulin jeung pada baturna nu lolobana make basa indonesia wae...
mamalayuan teh ayena mah geus nepi ka sisi kebon,sisi sawah,sisi gunung....
asa era parada ku urang deungeun nu teu eraeun marake basa sunda di pesawat deuih
kuring teu nyaho kumaha carana sangkan urang sunda ,barudak sunda daraek make basana sorangan.........
aya nu boga cara? bejaan kuring ....
geuwat basa urang geus kaancam meh lengit tanpa lebih ilang tanpa karana

Urang sunda? heheh ...iyes dech..........

Ieu kajadian teh geus 2x kaalaman ku kuring

ka hiji basa kuring di Front office di kantor kuring nu mimiti ..aya saurang member / anggota golf nu geus anggeus maena ,creng mayar manehna ngomong make basa manehna(jepang) "DOMO" nu hartina "nuhun" harita kuring ngajawab spontan ( naon nya ari spontan sundana?) sami-sami
kuring nyenghel sorangan si jepun mangkat teu ngartieun.
nu kadua di kantor ayeuna si bule menta laporan pagawean nu baris dikirim ka italy manehna nganuhunkeun make basa inggris " Thanks syarah" kuring ngajawab make basa sunda deui wae mangga -mangga si bule kerung bari nanya ka kuring "pardon?" kuring bari ngelemes ngomong" just forget it "bari nyenghel deui wae.
aduh kuring nu sok poho make sunda ka urang bule ...ka nu sejen ..nihon jin ,italiano...heheh...

Selasa, 08 September 2009

Anjeun ..........kembang lamunan


Paniatan mah kuring teh mopohokeun anjeun ...anjeun ...anjeun pisan


Naha bet anjeun miss call ka kuring ? padahal bulan -bulan ieu kuring geus hayang poho jeung mopohokeun ,kungsi harita ngaran anjeun dihapus di phone book tapi dalah dikumaha kuring inget tur tenget pisan no anjeun teh....
Anjeun ...... sabenerna kuring geus sangheuk jeung nyeri hate
tapi kunaon bet kuring hayang wae males sms ti anjeun teh , sok hayang wae sms ka anjeun mun pareng anjeun teu sms ka kuring .....
Anjeun...... nu kungsi ngeusian lolongkrang hate kuring nu keur midangdam figur nu batur
Anjeun...... ceuk kuring mah anjeun teh pikasebelen tapi pisonoeun....duka atuh hate bet tagiwur
coba pikir ku anjeun....saha nu salah? kuring? anjeun? atawa naon? naona nu salah? salah waktu? salah tempat? salah kabehna ?

Hirup jeung kahirupan nepi ka kieu pisan .....anjeun nu balaka , kuring nu narima eta kasalahan?

Anjeun nu kungsi nyucruk galur kahirupan kuring, anjeun nu kungsi mapay-mapay perasaan nu tanwande mawa kabagjaan...


Anjeun nu kungsi nganterkeun ka heman, mawakeun kabungah...


Anjeun panutan kuring nu geus ninggalkeun duka kamana.......