Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Ada kesalahan di dalam gadget ini

Selasa, 05 Mei 2009

CARITA ....Cinta nu peunggas

gambar diambil dari internet " wow....gimana gitchu...."
carita ieu mung rekaan,gambarna nu endah mudah-mudahan teu kalebet pornograpi heuheu

MEPENDE HATE.....

Jam 5.11 anjeun ngebel tapi teu kaangkat da harita kuring keur ngobrol jeung babaturan sora hape nu teu pati gede nu ngabalukarkeun telpon ti anjeun teu kareungeu teh , jam 5.17 anjeun sms nanyakeun bener ieu nomer hape kuring? kuring ngajawab sms anjeun ,teu lila anjeun nelpon ka kuring ..urang ngobrol sajajalan kurang leuwih 5 menitan .perlu anjeun nyaho yen kuring kacida reuwasna harita kuring asa aneh jeung beda rarasaan sagala nalika anjeun hayang amprok teh..
sapeupeuting kuring kurang sare hate pinuh ku rupa-rupa kahelok jeung pertanyaan naha anjeun bisa hayang amprok jeung kuring? ngobrol jeung kuring ? apan harita ge basa sakola anjeun jeung kuring mah tara ieuh pangangguran patanya komo bari jeung heureuy mah tara -tara pisan keur mah beda kelas jeungna deui anjeun teh pan batur deukeutna sobat dalit urang si herang tea, si geulis nu pinter gaul jeung wanteran...
poe isukna kuring sms ka anjeun netelakeun yen...anjeun bener-bener hayang amprok jeung kuring? anjeun ngajawab enya...tah harita urang janjian rek amprok poe saptuna
saptu isuk-isuk anjeun ngajemput kuring nu geus ngajanteng di sisi jalan...sup asup kana mobil anjeun bari jeung hate mah dag dig dug teu pararuguh bubuhan kuring ge surti jeung boga rasa nu sarua jeung rasa nu ku anjeun karasa.
urang duaan harita dariuk disisi empang , kuring nu teu resep kana mancing ge nya kapaksa da kumaha deui ngan eta tempat nu karasa merenah jeung ariyuh teh....
urang duaan ngobrol anteng bari jeung panon anjeun mah tetep ka jejer nu ngagateng di luhur balong untung harita kuring boga hiji picaritaeun nu kudu dibejakeun ka anjeun jadi teu ngarasa kagok teuing kuring teh. kuring bet katarik ati ku anjeun teh, sora jeung imut ajeun teu weleh ka inget wae tapi hanjakalnya urang moal bisa ngahijikeun eta rasa , moal moal pisan..
sabab kuring jeung anjeun geus pada-pada aya nu miboga....
Aa.....dina gerentes ieu hate kuring ngarasa salah naha bet ngajawab sms jeung telpon ti anjeun
ayeuna hate kuring peurih kuring ngarasa kaleungitan anjeun ,ngarasa anjeun ukur mepende hate nu keur nalangsa harita , anjeun ngan ukur datang mere kabagjaan nu teu lila ,ngagokan ah...rupa-rupa jeroeun dada kuring ayeuna...kuring sok imut sorangan mun inget anjeun , omongan-omongan anjeun, heureuy-heureuy anjeun...ah Aa.....kuring hamo bisa mopohokeun anjeun..pernah anjeun sms ngabejaan yen kuring kudu loba dzikir...enya kuring kudu loba inget ka gusti ngarah kuring teu inget wae ka anjeun...tapi dugi ka danget ieu pisan anjeun sok kagambarkeun dina lamunan kuring,imut anjeun jeung sora anjeun nu moal poho tepi ka iraha bae oge......
naha ? naha kajadian ieu teh make tumiba ka diri kuring? anjeun...anjeun pisan nu salah teh bet ngomong ka kuring ? naha ? naha bet resep ka kuring? tepi ka anjeun nyarita yen anjeun tergoda pada pandangan pertama sagala rupa. anjeun bebeja yen kuring harita katingalna geulis jeung beda .kuring teu hanjakal ku kajadian eta na, ngan nu jadi hanjakal kunaon kakara ayeuna? kakara ayeuna aya eta rasa boh anjeun boh kuring da baheula mah keur sarakola teu aya rasa nanaon ka anjeun teh , pon kitu deui anjeun ka kuring....
Aa...sanajan urang geus papisah bari jeung hate mah hese narima tapi dalah dikumaha emang kudu kitu , hate nyeri , nyeri pisan nepi ka kuring mah gering pisan....
Aa....sabenerna kuring teh sono , sono pisan samalah mah...kuring kabungbulengan ,kasmaran tea sigana..
Mudah-mudahan keur kaharepna ulah aya deui kajadian sarupa kieu teh matak nyeri jeung teu genah pipikiran....
ti kuring
nu teu bisa mopohokeun anjeun tepi ka danget ayeuna.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar