Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Rabu, 23 November 2011

Nikahkeun Hilda - Alo nu di Jakarta

Nikahan Hilda Ping 28 Mei 2011 katingal di Photo Kiki ,Hilda,Ma Inten,Abi...

Rabu, 23 Desember 2009

Pangupah jiwa......

Hirup nu pinuh ku dodoja cocoba nu kudu dilakonan
di barengan ku kahayang awak nu teu weleh jul jol unggal waktu
pamikirin cus cos kaditu kadieu teu panceg
tanwande mawa kasasar lampah salah tincak salah jalan

Hurung ngempur pake batur kadang kala ngusik sagara rasa
hayang boga hayang sarwa genah jiga maranehna
sakapeung mah aral subaha nyanyalah kanu nyiptana
naha bet ngabeda beda ngarejekian ngelmuana

Tapi geura gancang istigpar nyungkeun tobat ka Anjeuna
Gusti mah teu ngabeda-beda ngan tangtu kuma urangna
Cik geura pikiran mun jalma hudangna isuk
liar mangkat nyiar rizki geus tangtu kateang pasti

coba tingal pangedulan hudang beurang kukulutus
ngan ukur ngumbar kabingung nyiar gawe semu embung
tangtuna ge rizki rada hese deukeut da bongan awak teu rikat
neang nyusul nyiar banda pikeun kabutuhan dunya


usaha nyiar kipayah keur pangupah jiwa
nyenangkeun jiwa sumanget pikeun raga
usaha nyiar kipayah pikeun kahadean
ngabantu tutulung kanu keur butuh
poma jadi kahadean nalangan kanu keur susah

naon atuh pangupah jiwa saestu?
duit ? harta? atawa banda
pangupah jiwa saestu kapuasaan diri ,ladang usahana awak
kesang badag kesang lembut minuhan badan sakujur
rasa syukur tur nuhunkeun kasadaya paparinan gusti
lain ku gede leutikna tapi kumangfaatna kuberekahna eta rizki

hirup di dunya tangtu teu leupas jeung harta banda
nu bakal nyenangkeun nu bakal nyangsarakeun
ati-ati mawa dunya sing kahade pisan
ulah nepuk dada ari keur boga
asa aing uyah kidul teu malire kasasama
ulah leutik hate ari keur nyamos teu beunang nu dipihayang
da kitu bageanana anggur mah geura ilikan sugan aya salah cara
cik geura benerkeun boa tereh ngahasilkeun

cik geura keureut teundeun keur nu leutik
si yatim nu kakurangan
nya amal nu kitu pisan nu nulungan dipoe ahir
poe dimana urang diteang ,cicing di alam kalanggengan


pangupah jiwa aya basana :

saeutik mahi loba nyesa
saeutik sing jadi bukti
loba sing jadi banda
bisa nulung kanu butuh
bisa nalang kanu susah
aya guna keur sasama estu loba mangpaatna...amien



Kasep ,geulis anaking ....
Acep ,euis baraya...
hirup mah ulah dibayangkeun hayu geura lakonan
geura ambah itu sagara ,geura jugjug itu gunung
poma ulah leutik burih kudu leber nya wawanen
tanwande bakal taraluk kahidep bakal tarunduk
cig geura miang....pantengkeun alam pikiran...yakin ka asihna Gusti


pangeling-ngeling 10 muharam 1431 /27 des-2009
cik geura babagi ka si yatim nu butuh kaasih jeung kaheman ti urang sadaya

Selasa, 22 Desember 2009

Pangeling-ngeling ka Indung urang sewang-sewangan

Heneg puyeng basa nyiram -gumulung getih dirahim
Tihiji kaopat bulan teu geunah dahar nginumna
Tilima ka salapana bureuyeung engap kacida
Siang wengi bayeungyang sare teh asa kasiksa
ngenca salah kitu deui katuhuna

nepi wancina babaran nyeri liwat saking
tonggong asa pararotong nyawa asa rek diala
berjuang teu peugat-peugat nepi ka gebrolna pisan
kesang,getih hiji bukti ngalahirkeun buah ati

orok beureum diciuman dicinta didama-dama
unggal poe disusuan,diurus dimenak raja
dihuapan,dipakean di didik dipapatahan
nangkuban,ngorondang,lelengkah halu ,diajar leumpang
disabaran dilakokan ku indung diaping dijaring
teu jarang indung keur dahar eta budak kababayan
dibersihan ,diombehan teu aya rasa bahana

komo deui budak meujeuhna kembang buruan
unggal poe kapicamcam,dedengeeun sora seuri
mun pareng pisah sakeudeung hate teh asa tugenah
sok sieun ku itu ieu budak asa deungdeuleueun

rasa nyaah tur watirna mun ningal budak ngageubra
na hate bungah bungangang mun budak katingal senang
kajeun teu sorangan make nu penting jimat awaking
katempo luis tur ginding hurung herang liwat saking

mun budak diomong batur hate teu genah tagiwur
da indung teu loba saur budak dirapek dipangku
diupahan ,diusapan dipepende sangkan repeh
dicombo dipapalerkeun sangkan teu nyeri hatena


teu saeutik geus gede mah unggal poe merekela
menta itu menta ieu sagala dipikahayang
teu jarang nyentak,nyengor nyentug jajantungna
mangnyerikeun,mangkeselkeun ngarujak hate indungna

loba oge nu babakti nu nyaah ka ingkang ibu
ngabubungah nyumponan sakapalay aranjeuna
tawis ati pulang jasa kajalma nu tos ngarawatna
tirahim dugi ka gubrag ka alam buana lega
ayeuna tos dewasa tangtos teu hilap dirina
ka istri nu tos ngorbankeun sagala gala rupana
korban nyawa ,korban harta toh pati jiwa ragana
nganteurkeun jumeneng hirup gubragna ka alam dunya


kanggo urang sadaya.......
sok ayeuna mah ,jig geura palikiran
na anjeun asup numana?
ngan ati nu pangsucina ngaku kasalahanana...


Syarah 22-Des-2009
kanggo ibu sakumna di alam dunya "happy mothers day"
Missing my beloved mother "I always love you, mom....always,always,always,forever,......

Ibu.................

Dalamnya cintamu untuk anakmu
tiada bandingannya dengan apa yang ada dibumi
kasih sayang dan pengorbananmu tiada akan terbalas
sekaya -kayanya aku anakmu tidak ada bisa membayar jasamu ibu

To my beloved mother "I Miss U ,mom....forever..."

Sumerah...

Teu kasawang geus ngagunungna dosa nu kukuring geus kapilampah ,lega lir ibarat sagara...ehmm beurang peuting nu dipilampah ngan ukur salah hate nu pinuh ku rurujit rurudet ngotoran kalbu nu suci .
Gusti,.....mundut pangampura kuring nu rumasa kurang ibadah, saeutik muji ka Anjeun
lolobana mah ngan ukur kufur ni'mat ,kurang syukuran ka sagala nimat nu tos dipaparin kadiri
Ya robb....mundut pangampura ku kataledoran awak salaku jalmi nu laif teu taat ka aturan Anjeun teu satia satuhu ka pengeran istri di dunya nya salaki tea ngarana.
Duh gusti....bebendon ti Anjeun nu kukuring dipikasieun teh,tada teuing nyerina nyiksa badan sakujur.

maaf nyeratna teu faseh.......
Lailastuli firdausiahla wala wa ala naril jahimi
Fahabli taubata wagfir zunubi fainaka gofiru dambil azimi
Duh..Gusti abdi sanes ahli surga nanging moal kiat nandangan naraka
mugi Gusti kersa maparinan tobat...ngahampura dosa abdi anu lepat

Gusti....mung ka Anjeun kuring mulang
mulih kajati mulang ka asal
sanes ka dadamelan Gusti pisan....
Sawarga naraka mung ciciptaan Anjeun ,tarima kuring ku karidhoan tur kasampurnaan

Gusti.....parengkeun kuring nungtut ilmu Anjeun nu baris mawa kana kasalametan kuring jeung manunggalna jiwa raga kuring pikeun kasampurnaan ibadah...Amien


jalmi laif

Senin, 21 Desember 2009

Nyeri hate....

Sababaraha poe nu kaliwat percisna mah tgl 16 des 09 ..kuring nyeri hate pisan ku babaturan dikantor. keun urang caritakeun mimitina heula...
3 tahun kaliwat ahir 2006 ,saperti biasa jeungna emang geus aya perjanjiana yen unggal ahir taun karyawan marenang bonus .etateh hal nu lumrah ( barudak nyaho iraha bonus rek dibagikeun,jeung sabaraha) .budak produksi meh unggal menit neleponan kring iraha bonus rek cair ? kuring nu harita bener-bener teu apal bonus iraha cairna mere saran ka budak produksi tanya weh manager maraneh/mng produksi supaya manehna daek nanya ka direktur langsung.
harita ngadenge desas desus cenah moal aya bonus kulantaran perusahaan keur rugi .
manager produksi nanya ka kuring liwat supervisorna...ari bos geus marenang bonus can? kuring ngajawab ari bos mah tos beres.
rupana jawaban kuring teh jadi mamala keur kuring pribadi .si mng produksi bebeja ka mng finance yen kuring ngabocorkeun rusiah peerusahaan. har?....lamun kuring bebeja kamanehna yen bonus si A sakieu, si B sakieu kakara eta rusiah , ari bebeja enggeus menang mah ceuk kuring lain rusiah da bongan manehna nanya. harita kuring meunang surat teguran nu teupingeunaheun hate ...sebel..pisan.ti harita mng fin teh jigana teu resep ka kuring nya ceuk panyangka manehna kuring ngucah -ngaceh rusiah ...dasar bedul sok tara ngadenge penjelasan kuring malah ngadenge batur...keun lah Gusti Allah mah uninga naon nu sabenerna kukuring diucapkeun.
kamari tgl 15 des 09 kuring balik ti heula jam 3 sore da aya perelu pisan ,saperti biasa kuring nitip brankas jeung eusi-eusina koncina ge ku manehna.tgl 16 isuk kuring narima konci2 jsb ti nu sejen/batur nya kukuring ditarima weh.kuring rada ngahuleung 3 lmbar cek leungit hate mah geus teu tenang bisi aya itu ieu. ngan kuring rada bingung budak produksi silih gantian mangkat ka bank nyokot duit bonus padahal kuring teh can nulis cek, can mangkat ka bank pikeun bonus . panasaran kuring nempo internet banking sidik geuning aya 2 debetan nu jumlahna gede naker .kuring aneh padahal isukna kuring sms ka mng kuring manehna keur di pajak teu bebeja keur di bank. naha manehna teh inget deui kitu kajadian 3taun kaliwat ? ngunek-ngunek ka kuring? duka teuing .tapi 2 taun,jeung tau tukang mah kuring nu biasa nulis cek pikeun bonus teh da.
kuring nyeri hate bet kitu teuing manehna teh ,pedahkuring bawahan manehna sahingga kuring teu perlu nyaho kitu? teu boga etika? pikasebelen pisan ....bedul bangkawarah kuring heneg pisan,.kukuring dicicingkeun manehna teh ,meureun manehna ngarasa manehna menta hampura liwat skype ,,ceuk kuring : menta copy cek nu kaluar weh , manehna ngajawab poho ceunah...ampun....beuki teu resep wae kuring kamanehna teh...dasar !!! ahirna kuring menta note ka manehnma yen manehna nu geus nyokot duit ngaluarkeun cek teh. kajadian ieu teh matak nyeri pisan ka kuring mah asa teu dipercaya teu dihargaan pisan tuda.
coba pikir budak produki geus ngaleut nyokot duit nyaraho bonus geus aya. ari kuring nu nyekel duit /keuangan teu nyaho . cek dicokot ,ditulis,dicairkeun teu ngomong nanaon kudu na mah mng fin ngomong yen nyokot cek 3 lembar teu kudu ngomong jang anu jang anu ari teu percaya mah.cukup ngomong nyokot cek . ti ayeuna kahareupna kuring moal neundeun rasa hormat pisan kamanehna ,ceuceub weh nu aya..
nyeri hate teh nepi ka ngaluarkeun cimata ,pagaliwotahna rasa di hate ayeuna teu bisa diupahan ku duit nu geus aya di rekening poe harita.
duh ...aya jelema kitu nya padahal mah manehna teh katingalna rajin solat,puasa,jsb tapi kalakuanan jiga jalma teu nyakola pisan. ceuk batur kuring nu keungsi diajak cumarita mah cenah ieu teh tindakan kriminal /nyokot cek teu bebeja kajeun teuing manehna mnger kuring ge.
hampura gusti kuring geus teu resep ka sifat mahluk damelan anjeun...nya mudah2an kahareup mah nyeri hate kuring leungit ....amien.