Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Selasa, 30 Juni 2009

CARPON................




CARPON ....KENNY G ( Kagugu )



Ieu carita teh husus jang ente ri...babaturan nu pangbageurna soalna ngan maneh nu ngarti jeung surti kaayaan jeung naon bae nu kuurang karandapan...



inget teu carita ieu...



4 taun katukang harita teh bulan puasa riri jeung lala marangkat ka Parev ka toko National pan maneh ngomong wae hayang meuli DVD keur dikamar cenah padahal duitna menang nginjeum ti teh atun nya mun teu salah mah hehehh....lala ge mangmeulikeun mesin cuci titipan teh atun tea geuning , riri nu nyetir di mobil angger ngobrol tingcikikik..lamun aya nu dipakaseurieun..



sanggeus palah pilih ente meuli hiji DVD mun teu salah hargana 500rebu tapi didinya ge ngajual CDna si engko bangun resep ka riri kan ? manehna nawaran hiji CD intsrumentalia KENNY G.. hargana 10rebu kabeneran maneh resep ka eta CD teh teu talangke maneh nyokot eta CD creng dibayar ...tapi inget teu urang ngomong kieu ri..." ri cobaan heula eta CDna ke kumaha mun nepi ka imah lain KENNY G ..kade -kade dangdut euy...tapi maneh teu ngadenge omong urang malah ngomong kieu ,,,ah piraku la ceuk si engko ge KENNY G tuh pan luarna gambar si kriting keur nyekel saxophone ..ceuk maneh bari buburu ninggalkeun toko ,CD nu dibeuli teu di tempo-tempo acan eusina mah,....



si engko nungtun maneh mangyebrangkeun ,mesin cuci jeung DVD di asupkeun ka bagasi tuluy urangmah marangkat deui pan meuli kembang sedep malem jeung krisan di hareupen toko obat Eng siu tong tea...



barang di imah mesin cuci dicobaan sidik alus, DVD maneh dicobaan sidik alus deuih...eh maneh teu poho nyoba CD anyar tea ...barang ditungguan sababaraha detik eh...celengkeung teh KENNY G nyanyi ....saya si putri ...si putri sinden panggung.....atuh barakatak urang seuseurian teu salah-salah teuing nya ngomong ...jadina teh lain KENNY G nya ri...kang keni junaedi geuning euy..... hehehhe....



emang salah sahiji sifat maneh teh hese dipapagahan, teu ngadenge omong batur tapi maneh bageur ri....hiji-hijina paninggalan MDI mah ngan maneh-manehna ...



inget ri...tong loba teuing balanja.., ulah meulian wae baju



ti sobat



Lala tea


















Tidak ada komentar:

Posting Komentar