Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Senin, 10 Agustus 2009

Sajak sajak sunda

Naha ayeuna

Juni 01 2009 , jam 5.11 sore


Hate ngageter nalika anjeun nyarita
Nganteurkeun kaasih dina ati
Nganteurkeun kanyaah liwat sora

Naha...bet naha ayeuna?
Eta rasa datang , eta rasa aya
Salah, salah pisan
Kaasih datang lain dina waktu nu mustari
Kanyaah atang lain dina waktu nu sampurna

Nyaah...nyaah pisan
Tapi dalah dikumaha
Anjeun jeung kuring geus pada pada aya nu boga

Aa...harita anjeun nyarita yen kuring nu bisa ngahudangkeun rasa
Aa....harita anjeun nyarita yen kuring nu bisa ngahudangkeun rasa cinta


Naha ....naha bet ayeuna?
Hanjakal panutan, hanjakal pisan


Samagaha


Panutan ....
Hate kuring ancur
Rasa kuring peurih
Lir ibarat digeurihan kuhinis
Ningali salira bet salin rasa
Beda basa beda sora

Panutan......
Naha anjeun datang harita
Mun rek mulang harita keneh
Anjeun ngan mepende sakeudeung
Teu lila lumpat ninggalkeun
Ngajauhan bari imut leutik
Ah...imut nu teu puguh hartina
Teu apal kana maksudna


Panutan....
Hate kuring reuwas
Dumeh anjeun datang jeung mulang ngadadak
Teu aya ras rasan pisan ninggalkeun nu keur kabungbulengan



Samoja

Karawang 08 agustus 2009

Geulis.......
Naha anjeun bet didinya
Calik ditempat nu teu umum
Nangtung ditempat nu teu merenah
Geulis....
Salira bet daek sangsara
Calik diluhureun pajaratan
Jauh ka lembur jauh ti karamean
Jauh tina mang pirang pirang cocooan dunya....
Geulis....
Naha anjeun sadrah sumerah
Kana nasib diri bagja awak
Naha teu kabita jiga wanoja nu sejen?
Calik mapaes bumi bumi di kota
Calik di kantor kantor nu mewah
Ah...kuring ngarti
Salira teu kagoda ku haliyah dunya
Salira wanoja nu teu bisa dibobodo
Ku hurung herangna kabandaan
Geulis....
Naha salira satia-satia teuing
Ngaagoan dunungan
Nu geus dipanggil yang widi
Nu geus dipenta kunu kawasa
Saban poe salira ngaharewos ngabejaan ku dzikir-dzikir nu kadenge ketir
Kamanusa nu rajeun babalik pikir
Seug geura -geura mikir keur bekel balik
Salira ngandika bari teu weleh -weleh ngalimba
Ningal laku lampah manusa nu teu aya euih-euihna....
Geulis.........
Wayahna isuk jaganing geto nalika kawula mulang
Baturan, harewosan kawula ku dzikir-dzikir andika
Nu teu weleh ngelik unggal detik
Dibaturan ku gugurna lambaran -lambaran pameunteu andika
Nu seungit kacida nyambuang sapapanjangna


Pegat simpay

Salira nu kungsi wakca balaka
Salira nu geus cumarita katresna
Harita...harita pisan rasa urang duaan tiasa mudal
Lir ibarat situ nu keur dibedahkeun
Seahna kadenge keneh, Agemna karasa keneh
Harita...harita pisan basa urang paduduaan calik disisi empang
Basa silih simbeuh ku kadeudeuh
Basa silih siram kukanyaah
Hate urang ngahiji , raket
Ngan hanjakal panutan
Urang kudu mopohokeun eta rasa
Nyinglarkeun eta katresna
Anjeun terang nyalira
Eta rasa sanes dina tempatna
Simpen...urang simpen jeroning ati urang simpen jeroeun dada
Nu teu weleh ngajegur jeroeun kalbu...nu nginghak teu tiasa kawengku


Basa anjeuna datang

Hate ..naha anjeun bungah nalika anjeuna ngabaran
Nanyaan kaayaan kuring?
Ati ...naha anjeun surti kana maksad anjeuna nu teu weleh teu kapikir
Kalbu...naha anjeun ngagugu kana kahoyong anjeuna
Bet daek atuh
Daek diajak cumarita katresna
Hei rasa..naha bet daek di ajak dibabawa
Kamana mendi nyucrukan mega mega nu teuing dimana tungtungna
Diri kuring harita bungah bungagang
Duka kubagja-bagja teuing
Nalika anjeuna ngiberan yen aya rasa aya katresna ka kuring
Nya keur kuring pisan......sorangan



Nalangsa

Tuh tingali beulah ditu kiduleun urang
Gunung gunung sing runggunuk
Bangun anu bingung muyung geuring nangtung
Maranehna bingung naha ayeuna bet beda hawa , beda rasa
Biasana mah nya manehna pisan nu bisa mere rasa tiis ,iyuh jeung seger teh
Gunung anu bangun bingung bebeja ka pasir anu ngageuri
Nitip beja liwat angin peuting nu keur geuring
Pasir teu bisa kumaha ,geus satekah polah
Neangan cara supaya alam teu rusak neundeun harepan keur anak incuna
Tapi kumaha atuh da manusa loba nyu harak sarakah
Nepi ka gunung gundul pisan
Gunung andika ayeuna tong boroning mere rasa iyuh ka batur
Dalah maneh ge butuh ngiyuhan
Maneh ge kurang dahar kurang nginum euweuh deui teuteundeunan
Karunya karunya pisan ka gunung nu geus jadi muyung


Inghak nyi kalapa

Angin anu ngahiliwir
Ngoyagkeun ramo-ramo lempayna
Ngaharewos bari seuri
Duka naon nu diharewoskeunana

Angin anu ngahiliwir
Nyoo cangkeng lenggikna
Rambut ririaban manis
Nu geulis semu lumengis
Duka naon nu matak sedihna

Angin anu ngahiliwir
Dibejaan diharewosan
Bari nu geulis nembongkeun ramo
Ramo ramo lempayna
Nu taya kaendahan deui
Nu taya kasucian deui

Naha bet hawa kupanas -panas teuing
Naha kebul bet kandel -kandel teuing
Dugika nu geulis alim ambekan
Nyesep hawa nu teu dipikaresepna

Nu geulis ngarenghik..nginghak
Hayang nginum cai tiis
Nu herang ngagenclang kawas baheula...lumengis
Nun...geulis, hampura hampura pisan ema
Ieu alam geus robah
Teu aya cai nu tiis
Teu aya cai nu herang
Nu aya ngan cai nu rarujit pinuh ku rupa -rupa panyakit
Nu nyesa ngan cai hideung bau jeung matak heneg

Geulis ramo ramo lempay anjeun
Geus kandel ku rupa-rupa kokotor, lebu
Naha anjeun bisa herang deui ?
Duka geulis....duka

Angin anu ngahiliwir
Ngoyagkeun ramo-ramo lempayna
Nu geulis hideung ku kokotor



Jam lima

Basa langit bengras jam lima sore
Ngadadak jomantara umyang
Lir ibarat sagara emas permata
Kitu deui harita hate kaula
Endah taya tandingna
Nalika salira ngaitkeun ati nitipkeun manah

Engkang panutan abdi
Mung ka anjeun abdi ngabakti
Pamuga anjeun ge sami
Teu kersa midua ati

Basa langit bengras jam lima sore
Ngadadak angin ngahiliwir
Lir ibarat kembang kaoyageun
Kuring harita ngarasa ngageter pinuh ku katresna
Euh....salira
Panutan ati kunaon salira kersa ka abdi
Nu teu harta teu harti
Nu teu geulis rupa jeung hade basa
Kutan kitu ari cinta
Teu terang waktu , teu nyaho mangsa
Ah ...anjeun

Basa langit bengras jam lima sore
Ngadadak aheng bentang bet geus baranang
Padahal lain waktu can wancina
Cai laut sing karetip katojo ku panon poe
Na....ku endah-endah teuing
Dimana-mana umyang
Bentang geus midang panon poe alim mulang
Kitu teh lantaran salira kasep....
Salira pisan sababna
Minangka nu gaduh peta
Bet ngarebut rasa, mepende hate ku katresna..........

Indung

Ema....dina simpe na peuting anjeun teu weleh nyaring

Calik na sajadah dzikir

Ramo -ramo anjeun anu mulya

Estuning teu elat ngilangan tasbeh nu pinuh ku do'a-doa

Pikeun kamulyaan anak-anakna.

Ema...dina renghap anjeun pinuh ku pangharepan

Pinuh ku kawelas kaasih

Kuring inget ema!

Nalika hujan dor dar gelap anjeun teu rumahuh

Mapay-mapay jalan neangan kahirupan pikeun kabutuhan anak-anakna

Kuring inget ema!

Basa janari tengah peuting

Keur batur sare tibra anjeun geus nyaring nyiapkeun sagala kaperluan kuring

Ema....basa kuring ulin diburuan

Anjeun nu ngaliwat ukur imut , padahal kuring ngarti

Harita Ema keur baluweng mikiran kahirupan poe isukna

Ema....kuring hampura ...

Rasa cinta asih kuring moal bisa ngabales jasa-jasa Ema...

Ema mugia .....salira aya dina kabagjaan dialam salira ayeuna






Tidak ada komentar:

Posting Komentar