Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Selasa, 22 Desember 2009

Pangeling-ngeling ka Indung urang sewang-sewangan

Heneg puyeng basa nyiram -gumulung getih dirahim
Tihiji kaopat bulan teu geunah dahar nginumna
Tilima ka salapana bureuyeung engap kacida
Siang wengi bayeungyang sare teh asa kasiksa
ngenca salah kitu deui katuhuna

nepi wancina babaran nyeri liwat saking
tonggong asa pararotong nyawa asa rek diala
berjuang teu peugat-peugat nepi ka gebrolna pisan
kesang,getih hiji bukti ngalahirkeun buah ati

orok beureum diciuman dicinta didama-dama
unggal poe disusuan,diurus dimenak raja
dihuapan,dipakean di didik dipapatahan
nangkuban,ngorondang,lelengkah halu ,diajar leumpang
disabaran dilakokan ku indung diaping dijaring
teu jarang indung keur dahar eta budak kababayan
dibersihan ,diombehan teu aya rasa bahana

komo deui budak meujeuhna kembang buruan
unggal poe kapicamcam,dedengeeun sora seuri
mun pareng pisah sakeudeung hate teh asa tugenah
sok sieun ku itu ieu budak asa deungdeuleueun

rasa nyaah tur watirna mun ningal budak ngageubra
na hate bungah bungangang mun budak katingal senang
kajeun teu sorangan make nu penting jimat awaking
katempo luis tur ginding hurung herang liwat saking

mun budak diomong batur hate teu genah tagiwur
da indung teu loba saur budak dirapek dipangku
diupahan ,diusapan dipepende sangkan repeh
dicombo dipapalerkeun sangkan teu nyeri hatena


teu saeutik geus gede mah unggal poe merekela
menta itu menta ieu sagala dipikahayang
teu jarang nyentak,nyengor nyentug jajantungna
mangnyerikeun,mangkeselkeun ngarujak hate indungna

loba oge nu babakti nu nyaah ka ingkang ibu
ngabubungah nyumponan sakapalay aranjeuna
tawis ati pulang jasa kajalma nu tos ngarawatna
tirahim dugi ka gubrag ka alam buana lega
ayeuna tos dewasa tangtos teu hilap dirina
ka istri nu tos ngorbankeun sagala gala rupana
korban nyawa ,korban harta toh pati jiwa ragana
nganteurkeun jumeneng hirup gubragna ka alam dunya


kanggo urang sadaya.......
sok ayeuna mah ,jig geura palikiran
na anjeun asup numana?
ngan ati nu pangsucina ngaku kasalahanana...


Syarah 22-Des-2009
kanggo ibu sakumna di alam dunya "happy mothers day"
Missing my beloved mother "I always love you, mom....always,always,always,forever,......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar