Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Rabu, 23 Desember 2009

Pangupah jiwa......

Hirup nu pinuh ku dodoja cocoba nu kudu dilakonan
di barengan ku kahayang awak nu teu weleh jul jol unggal waktu
pamikirin cus cos kaditu kadieu teu panceg
tanwande mawa kasasar lampah salah tincak salah jalan

Hurung ngempur pake batur kadang kala ngusik sagara rasa
hayang boga hayang sarwa genah jiga maranehna
sakapeung mah aral subaha nyanyalah kanu nyiptana
naha bet ngabeda beda ngarejekian ngelmuana

Tapi geura gancang istigpar nyungkeun tobat ka Anjeuna
Gusti mah teu ngabeda-beda ngan tangtu kuma urangna
Cik geura pikiran mun jalma hudangna isuk
liar mangkat nyiar rizki geus tangtu kateang pasti

coba tingal pangedulan hudang beurang kukulutus
ngan ukur ngumbar kabingung nyiar gawe semu embung
tangtuna ge rizki rada hese deukeut da bongan awak teu rikat
neang nyusul nyiar banda pikeun kabutuhan dunya


usaha nyiar kipayah keur pangupah jiwa
nyenangkeun jiwa sumanget pikeun raga
usaha nyiar kipayah pikeun kahadean
ngabantu tutulung kanu keur butuh
poma jadi kahadean nalangan kanu keur susah

naon atuh pangupah jiwa saestu?
duit ? harta? atawa banda
pangupah jiwa saestu kapuasaan diri ,ladang usahana awak
kesang badag kesang lembut minuhan badan sakujur
rasa syukur tur nuhunkeun kasadaya paparinan gusti
lain ku gede leutikna tapi kumangfaatna kuberekahna eta rizki

hirup di dunya tangtu teu leupas jeung harta banda
nu bakal nyenangkeun nu bakal nyangsarakeun
ati-ati mawa dunya sing kahade pisan
ulah nepuk dada ari keur boga
asa aing uyah kidul teu malire kasasama
ulah leutik hate ari keur nyamos teu beunang nu dipihayang
da kitu bageanana anggur mah geura ilikan sugan aya salah cara
cik geura benerkeun boa tereh ngahasilkeun

cik geura keureut teundeun keur nu leutik
si yatim nu kakurangan
nya amal nu kitu pisan nu nulungan dipoe ahir
poe dimana urang diteang ,cicing di alam kalanggengan


pangupah jiwa aya basana :

saeutik mahi loba nyesa
saeutik sing jadi bukti
loba sing jadi banda
bisa nulung kanu butuh
bisa nalang kanu susah
aya guna keur sasama estu loba mangpaatna...amien



Kasep ,geulis anaking ....
Acep ,euis baraya...
hirup mah ulah dibayangkeun hayu geura lakonan
geura ambah itu sagara ,geura jugjug itu gunung
poma ulah leutik burih kudu leber nya wawanen
tanwande bakal taraluk kahidep bakal tarunduk
cig geura miang....pantengkeun alam pikiran...yakin ka asihna Gusti


pangeling-ngeling 10 muharam 1431 /27 des-2009
cik geura babagi ka si yatim nu butuh kaasih jeung kaheman ti urang sadaya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar