Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Senin, 07 Desember 2009

PASSWORD....

Kuring teu apal iraha mimitina aya istilah password teh ,saha mu mimiti boga alpukah nyieun password jeung kaperluan naon manehna nyieun password teh?.....mun nilik tina pentingna password jaman kiwari ,emang pasti loba pisan kauntunganana soalnya urang nyaho sorangan cacakan eta duit nasabah geus dijamin aman ,di tambahan deui ku alat pengaman ATM PIN/password tapi tetep weh geuning duit nasabah teh aya nu teu balik deui contona kasus nu keur rame geder di TV tea geuning...kasus bank sen-tury...( Satu sen pun tidak kembali) nanahaon .
karunya weh ka batur nu geus kentel peujit hayang nyesa boga banda ari pek teh duitna ngaleungit teungteuingeun pisan ari jalma....emh...sabar-sabar ke sugan aya nu wani tanggung jawab ka hal ieu...wait n see azzzaaa tapi ulah lila teuing ...hhhehe,...

Hirup kuring ayeuna ge pinuh ku Password -PIN...
Ngahirupkeun komputer rek maju gawe make password, rek muka file make password ,rek make skype make password .
mimiti buka rekening di bank dibere ATM jeung PIN keur nyokot duit atawa transaksi sejenna . Register di ATM keur nyieun Internet banking make password deui wae ,rek transaksi di internet banking make password deui wae( M-pin).
nyieun alamat email make password deui wae,nyieun facebook make password deui wae,nyieun blog make password deui wae .
nyieun kartu kredit meunang password,ngiluan asuransi pikeun ngecekna make password deui wae.
aduh-aduh kuring meni rieut pabaliut loba teuing password nu kudu diapalkeun da lamun ditulis mah bisi aya nu niron ...tadi mah kuring rada kesel oge rek mayar asuransi nu ditagihkeun ka kartu kredit ngan hanjakal kartu jeung surat tagihan katinggaleun di imah nya kuring nelpon ka Customer service rek nanyakeun jumlah tagihan kuring da kuring rek mangkat harita ka bank rek mayar kartu kredit tea ..eh salian ti PIN teh manehna nanyakeun 3 angka dibalik kartu cenah, kan ti tatadi ge uing geus ngomong lamun kartu jeung suratna tinggaleun di imah ...eh tetep teu bisa geuning ceuk manehna 3 angka dibalik kartu yang bisa membuka data ibu ...alah-alah....meureun eta ge password deui wae kasebutna.
sok tataan hiji-hiji jaman kiwari sigana mah jalma nu geus dewasa mah baroga password teh leuwih ti 3 siki ...eta teh mun boga hiji ATM,hiji Kartu kredit,hiji internet banking...coba mun boga 3 ATM , 3 Kartu kredit,3 Internet bangking kabayang riweuh pisan di jero otak teh....hehehh...
Password jeung PIN geus jadi hiji apalkeuneun urang sarerea pikeun kaperluan urang sapopoe.
Password jeung PIN ulah dimomorekeun ,komo ditulis di beus,di WC umum atawa diblog mah ulah pisan nya...hahaha.....
kusabab pastina ieu password diayakeun teh pikeun kaamanan urang -urang keneh...
sakapeung mah hayang nanya ka nini-nini di lembur kuring " naha nini terang naon ari password teh?''...kuring yakin maranehna moal nyahoaeun....tapi teuing ari inin-inin di kota mah ..komo inin-inin di New york mah ...heheheh...

Hayu ah...geura apalkeun password masing-masing...

# tulisan ieu terinspirasi atawa ilham obrolan di facebook ...antara Kang dhipa galuh jeung Kang Nana munajat ..cenah mah kungsi kang nana mere alamat email jeung passwordna ...hahha...dodol pisan eung...#

Tidak ada komentar:

Posting Komentar