Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Minggu, 06 Desember 2009

Ondangan....







Poe saptu isuk2 adi nu bungsu(lalaki) ngajakan ondangan ka lembur Rancajulang


adi kuring ngaboncengkeun bibi kuring ,ari kuring samotor jeung adi beuteung kuring 2 motor patutur -tutur .eta lembur teh pernahna di tengah sawah jauh kaditu kadieu mun rek kaditu kudu siap cape soalna jauh...jalan taneuh keneh kakara di awur batu saeutik lamun hujan mah kacida jeblogna motor atawa mobil bisa-bisa mater teu bisa maju.jalan teh lalegok ampul-ampulan mun naek motor mah karasa pisan raosna heheh...kenca katuhueun jalan sawah sapanjangna teuing sabaraha hektar boa pokona mah satungtung deuleu hejo...sagigireun ti eta samemeh nepi ka lembur anu dituju loba pisan lio (pabrik kaset...ketang pabrik batu-bata hehehh) wangunanana pendek lamun asup ka lio mah kudu jojongkokan tapi aya oge ketang nu jangkung ari bata dijeunana tina taneuh sawah nu digali terus diulet,dicitak dipoe kakara dibeuleum aya nu dibeuleum ku huut badag/kulit gabah aya oge nu dibeuleum ku suluh.


biasana nu dibeuleum kusuluh mah harganya leuwih mahal..bubuhan suluh teh geus langka jaman ayeuna mah geuning.ningali pagawean tukang nyieun bata teh sigana lain pagawean enteng butuh tanaga nu rosa jeung kaahlian neangan taneuh nucocok pikeun pibataaeun.


ngan hanjakal eta sesa panggalian teneuh teh di lurkeun bae jadi pas hujan turun eta urut galian teh dipinuhan ku cihujan mangrupa balong2 nujarero nu ceuk kuring mah pibahayaeun pisan mun barudak aya nu teu katohyan ulin kalebah dina tuluy tipolesed tangtuna moal katulungan da puguh tapak ngagali teh katingalna jarero naker. babaraha tikungan geus kaliwat tapi lembur nu dituju can katingal keneh ambuing2....,..jauh naker.


pernah oge sih manggihan warung cikopi kuli bata nu keur kaparengan dariuk didinya sing caruit ...manuk sugan hehheh ningali kuring jeung adi beuteung kuring ngaliwat kadinya teh bubuhan anyar pinanggih kuring ngan ukur unggeuk tapi dasar lalaki carunihin maranehna cecengiran bari ngaheureuyan eta ge aya nu kadenge kukuring ngaromong " ....anjir eta awewe bohay kamarana ..." kuring mah geer weh dari pada minder hahhaha...padahal mah ceuk anak cikal kuring bohay teh..."boboro hayang" cian dech gue...hiks hiks.. 10x azzza....


sababaraha kali pasarandog jeung nu ngarangon sapi tangtuna ge jeung sapi-sapina" masa ame kamiyu hahahah" .sapina baradag naker aya kana puluhna ieu barisan si sapi teh geus arang langka manggihan di deukeut imah kuring mah .

biasa kuring mah sok jol weh hayang nyanyi......


saya ini sigembala sapi

yo iiii eee....yo iii eeeee yo iii oooo

inilah kerjanya sigembala sapi

tiada yang ku pikirkan lagi

bila hari tlah petang

sapi pulang ke kandang

saya turut dari belakang.....


jst...jst...jst....teruskeun sorangan ...



kuring nanya ka awewe nu keur tandur manehna nuduhkeun lembur nu dimaksud geus deukeut tinggal sapengkolan deui...dasar naas motor nu ditumpakan ban na teh kempes jigana mah kanu paku atawa rungga . nya kapaksa motor didorong teu burung nepi ka tempat hajat teh ,motor kuring dibawa ku alo kuring nu cicingna di lembur dipangnambalkeun.


harita kuring di bageakeun, sagala dikaluarkeun ,sagala di asongkeun hemm....ari urang lembur tea sok reueus pedah kadatangan dulur ti kota padahal mah sarua wae ari kaayaana mah


ngan bedana urang kota mah sok rada garinding jeung laluis bubuhan loba wedak jeung lipen stip deukeut kasalon jeung logay....loba gaya hahah...


kasampak harita ge lanceuk kuring nu cikal sareng istrina, lanceuk kuring nu panengah, jeung adina nini kuring ne oyi namina ..sarerea ngaropi,dalahar tuluy phopotoan sagala silih tamplokeun kasono ...teu lila bral baralik deui tangtuna ge tetep ari kalembur lembur teuing mah balik teh tara lengoh cau jeung ranginang mah teu burung ngagendol dina motor.....wilujeung ka panganten mugia runtut raut sauyunan kin iraha-iraha patepang deui....cag




ti bi lurah nu ginding tea....narsisss pisan nya?????


05 Desember 2009






1 komentar: