Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Selasa, 11 Agustus 2009

Juara kahiji euy..........Agustus 2007


Ilahar bulan agustus sok rea pisan acara kitu deui di kecamatan ge diayakeun lomba tumpeng sagala.
hiji desa kudu mere hiji tumpeng nu rek di niley dilombakeun bu camat nyaur.
da harita mah daek teu daek neangan saha nu bisa nyieun tumpeng nu alus tur rasana teu nguciwakeun tatanya ka ibu anggota kuring nya meunang beja yen tumpeng buatan Bu Iyum rapih jeung raos , kamanehna menta tulung teh ibu2 nu bisa ngabantuan daratang ka imah bu Iyum . niti kana wanci ninggang kana mangsana kuring mawa tumpeng ka kecamatan sanggeus aya dewan juri deur weh tumpeng teh diniley . Alhamdulilah tumpeng kuring pang alusna ,pangeunahna jadi weh juara ka 1 ..ih atoh pisan bari jeung hadiahna ukur jam dinding oge teu sabanding jeung waragad nu dikaluarkeun heheheh.....
Bu lurah ieu tumpeng anu ibu mah kanggo abinya saur bu camat bari nanggeuy eta tumpeng ka lebet kantorna ..euleuh....teu kabagean ceuk anggota kuring seuri koneng da nu sanesmah di parurak ku sewang-sewangan teu dibantun ku bu camat .
tong eleh ceuk kuring ngamandoan tuh menta weh nu desa batur saterusna mah jurus euweuh kaera dikaluarkeun ...jurus hiji nyandak piring jurus kadua mah camat-comot weh ka unggal nyiru batur hehheh......
harita ge kuring lain bu lurah deui jadi bu camat ...maksadna camat -comot
punteh ah bu camat ieu mah heureuy........
tumpeng nu kuring mah teu make nyiru ngarad wedel nyieun dadasar teh make triplex nu kandel...tingal hasilna....weuy.....nyugemakeun....peace ah...........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar