Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Senin, 10 Agustus 2009

Sasih saum

Harita basa kuring keur budak ge....bungah pisan mun datang bulan puasa teh najan jaman harita mah teu caraang jiga ayeuna. kuring keur budak ari ka masjid teh ngaliwatan kebon nu pinuh ku tatangkalan gede , pararoek...tapi ayeuna nu kaalaman ku sicikal neng Dinar beda pisan ayeuna mah masjid nampeu hareupeun imah tur cararaang.....
Dug...dug....dug ....sora bedug
Najan awewe teu eleh ku lalaki nabeuh bedug sabada tadarus tara ieuh di caram ku bapana
da kuring pernah nyarita yen...keur leutik ge kuring bengal siga sicikal ayeuna...ehhehehh....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar