Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Selasa, 11 Agustus 2009

Agustusan 2005


Bulan agustus geus datang deui.................. keur urang lembur mah nu arang langka hiburan bulan ieu teh teu sirikna diarep-arep da puguh ngan di bulan ieu aya sagala kaulinan teh.....
budak lalaki mah komo sok rajeun dipangyieunkeun saembara sagala sing saha nu bisa ngaliwatan cukang awi nu lesang da geus diminyakan tea jeung lamokot ku leutak manehna menangkeun sa kardus mie ...hehheh...teu sabaraha hadiahna mah ngan rame pisan.....
tuh tempo barudak sakali sewang nyoba ngaliwatan cukang....keteyep...salengkah dua lengkah sorodot ..gejebur..nu lalajo eak-eakan....
aya deui ditengah lembur mah barudak leutik awewe lalaki ngiluan sapedah hias dicipta dihade-hade make keretas warna-warni sing saha nu pang saena meunang hadiah kipas angin
katingal neng dinar ge..ngacungkeun jempol da sapedahna kaniley sae ku bapa juri....


Tidak ada komentar:

Posting Komentar