Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Selasa, 11 Agustus 2009

Mun keur aya waktos....Apa hobbyna...?????????

Vespa apana nu tengah koneng hideung saleresna mah warna aslina kulawu nanging di gentos da pernah di anggo tabrakan ku mang tatang ...jadi weh langkung geulis...
tapi ayeuna mah Apana jarang touring sibuk pisan...kapungkur mah kantos dianggo ka jawa sagala sikukut teh dugi ka saminggona ...hebat da kuat keneh ka bali ge saurna...ngeng ....ngeng....



Ieu teh tangkal caringin mun aslina mah sok dipelak dikuburan...ih...seereem...

tapi dipanangan si Apa mah ieu caringin bet jadi lucu matak resep ningalna nya.....

bisaan.....

taman ge janten leuwih endah ku ayana anjeun caringin

Kasibukan teh teu aya euihna upami teu ka kantor nya apana sok seueur kagiatan di kacamatan atanapi di kabupaten atanapi ngateur mamah ka mana wae mamah hoyongna...heheh...
nya jalan-jalan di wewengkon sorangan bae ketang supados ngirit........
tapi upami apa keur santey mah biasa weh sok maen drum eta teh hobby anjeuna lian ti ngurus tatangkalan sareng motor vespana

sok lah geura maenkeun lagu kenangan urang

"Bunga mawar yang kau berikan telah tertanam dihatiku kini telah berguguran helai demi helai.....hehhe...sumbang geuning nya...




Tidak ada komentar:

Posting Komentar