Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Senin, 10 Agustus 2009

Anaking jimat awaking


Kasep.....keun ema nu ngasuh hidep beurang peuting
keun ema nu ngabejaan naon bae mun ujang teu ngarti pek geura tanyakeun ka ema
ieu teh mamanukan kasep....siga manuk nyaan nya? da enya manehna bisa hiber ngan mun batrena seep wayahna eureun....
nya hirup urang ge sarua jang,....mun waktuna geus seep urang ge bakal maot ,cicing teu bisa nanaon....














Kasep.....
Hidep lahir ping 16 Agustus 2006
ku apa dilandih Tegar ngahaja cenah ambeh dina jeroning ngambah sagara kahirupan teh siga aran hidep.
Kasep...
Mamah mah ngan nganteur teh ku do'a jeung katineung ati mudah-mudah anjeun sing jadi pamuda nu luhur budi ,ngarti ka agama , nyaah ka diri, kolot jeung balarea
Kasep...
Meureun ka anjeun mama jeung apa teh engke isuk jaganing geto mihapekeun diri teh
nitipkeun awak nu engke mah boa rempo jeung loba nu dirasa
eta ge upami gusti ngawidian mama jeug apa dipasihan kasempetan ningali hidep dewasa






Tidak ada komentar:

Posting Komentar