Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Selasa, 11 Agustus 2009

Bapa sareng incu-incuna

Bapa ....salira tos katingal sepuh
naging tetep kiat , bersih tur teu katingal ripuh
syukur ka Gusti nu agung nu tos maparinan kasehatan ka pun bapa

Bapa ....nyukunkeun dihampura dina saniskanten kalepatan abdi
mugia bapa sing sehat ulah kirang itu ieu.....
wios nu tos ngantunkeun mah ..nya ema...anjeuna mah tos merenah di alam kubur
ayeuna mah Bapa sing cageur bageur di asuh kupara incu nu mudah-mudah incu nu balageur calageur tur balener....amien...
nyuhun piduana Bapa mugia abdi sareng para putra nu sanesna janten jalmi nu berbudi nurut kanu jadi kolot tur nyaah kanu jadi putra
mung kanggo bapa anu dipika hormat
"Muhamad Yusup" lahir 13 Agustus 1939
sing panjang yuswa Pa.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar