Harita.....mangsa rumaja
mangsa nu hamo bakal kaalaman deui
mangsa nu pangendahna
keur meujeuhna mekar lir ibarat kembang
keur seuseungitna , keur sesegerna
Harita....mangsa rumaja
waktu nu hamo katimu deui
mangsa nu pangresepna
meujeuh midang ,pamer diri
Saragam bodas kulawu......
anjeun pisan nu ngabaturan satia tina sagala gaya harita...
mangsa harita mangsa rumaja
mangsa keur beger ,mangsa keur neangan saha nu ngait na pikir tur nyantel ka rasa
mangsa ngudag sagala impian jeung cita-cita nu sugan laksana
mangsa rumaja mangsa keur suka bungah
galumbira jeung babaturan
silih gonjakan ,silih poyokan....
ehm.......mangsa nu geus jauh katukang
ayeuna tinggal waasna.....
Saragam bodas kulawu......
anjeun pisan nu ngabaturan diri unggal poe tina gumbira jeung sedihna ati...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar