Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Selasa, 11 Agustus 2009

Barudak..............




kagiatan sapopoe teh ulin jeung ulin weh eta nu karasa kukuring mah atuda resep pisan ari geus ulin teh kadangkala poho dahar poho ngagawean PR sakola heheh....
biasa kuring keur bolon keneh mah ulin teh sok ka kebon bae ngala jambu ,atawa mulungan kembang cengkeh , mun pareng kopi geus kolot mah sok sakalian ngala buah kopi nu raranggeuyan tea geuning....cik urang tataan nya , urang emutan harita mah dikebon aki teh aya rupa-rupa tatangkalan ;nangka,jambu batu,jambu aer,kocapi,kadongdong,jamlang,rambutan,cau,jambu mede,peuteuy ,peuteuy selong,sirsak,jambu cingcalo,kalapa ge sababaraha rupa nu hejo nu koneng,komo palawijamah kayaning roay,taleus jsb
ayeuna mah kantun waasna kebon aki nu sagala aya teh tos dibukbak di burak barik di damel kontrakan tos jamana panginten ayeuna mah budak ulin teh ngan sauukur ditaman nu teu sabaraha gede ...tuh tingal barudah ulin di taman hey...adina tong digalakan Aa....
nu di cukang mah eta teh di cibodas tempat sutingna sinetron My heart tea saurna mah....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar