Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Jumat, 28 Agustus 2009

Conto surat cinta........


Kahatur panutan ati ,

Kumaha engkang damang? mugia salira aya dina kawilujengan
Engkang upami anjeun terang eusi kalbu abdi ayeuna moal boa engkang nyeungseurikeun ,gumujeng bari moyokan....
naha? da ieu engkang abdi teh bet tibelat emut wae ka salira
dina jero lamunan mun engkang nu kasawang , kapidangdam
Engkang emut teu basa urang jangjian rek patepang sawewengi abdi mah kirang kulem da sanes dikamar seueur rengitna da duka atuh ieu rasa kabagja-bagja teuing da hate bungah liwat saking
harita urang patepang ,ngobrol paduduaan ,heureuy suka bungah gogonjakan
naha salira gaduh rasa sami kitu? enya maksadna sami sareng abdi nu teu weleh sono pinuh ku ka asih ka salira? mun enya teh kitu atoh pisan ieu jeroeun dada .
Engkang emut teu salira basa urang duaan aprak-aprakan nyucrukan lembur batur tepi ka kalangsu pisan harita teh mangsa nu pang endahna , sapapanjang jalan urang teu weleh bungah bari jeung sakali kali ramo urang pakepis silih rames pinuh ku duriat .inggis
ku bisi rempan kusugan abdi mah engkang, inggis engkang ayeuna tos hilap ka abdi tos mopohokeun abdi .
duka atuh engkang ningal nu sanes ginding asa ginding keneh engkang ,ninggal nu sanes kasep asa gandang keneh engkang. kieu meureun rasana kajamparing asih kabentang kupanah asmara teh nya? matak suda dahar matak hese sare.
Engkang basa anjeun sms ka kuring yen anjeun nyimpen ka heman ,ka kangen,kaasih ,katresna
duka asa kumaha mah kuring teh, asa jadi putri nu pang untungna nu didama -dama ku para dewa,asa kagunturan madu kauurugan menyan putih bungah kagiri-giri

Engkang panutan abdi nitip nitipnya ieu rasa asih katresna ulah diapilainkeun ,ulah dimomorekeun , anggur mah urang ipuk ku kadeudeuh jeung kaasih urang duaan mudah-mudahan Anjeuna ngawidian
mung sakitu heula serat ti abdi tilam kasono ti katebihan .

ti abdi kembang liar sisi kebon
Euis komala

Tidak ada komentar:

Posting Komentar