Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Selasa, 11 Agustus 2009

Lebaran.............2008




Nurugtugna sora bedug matak ratug ka jajantung.....dialokan sora Takbir nu matak ngageuri ka ati jeung pikir duh.....Gusti...abdi hampura...seueur pisan kalepatan....teu karasa cai mata geus ngembeng minuhan pipi inget kanu tos ngantunkeun....
Ema....hampurateu acan tiasa nyenangkeun pisan
Bapa hampura abdi teu acan tiasa masihan nu pangsaena dugi ka danget ieu pisan....
Ayeuna lebaran geuwat dangdang miang ka masigit mulangna buru sungkeuman pean ema jeung bapa upami araya keneh ,dulur baraya, tatangga , geura angkat kamakamna upami tos teu araya tong hilap pangaoskeun yasin .....
Minal Aidin walfa idzin "Mugia ngahampura lahir sinareng batin"
Biasana mah barudak saruka bungah meunang artos pangbagean kencringan, komo mun artos alanyar ...sarae keneh ...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar