Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Selasa, 11 Agustus 2009

Poe...pere




Poe pere teh minangka poe nu di arep-arep ku nu digarawe, ngalajar, budak sakola oge resep pisan mun pere teh...mun jelema aya nu teu resep poe pere asa aneh kasebutna..heheh....
Si teteh ge resep pisan mun pere teh...urang ameng yu ka ciater...atawa ngojay wae di sportip ah...dimana wae seneng da....intina mah urang angkat ti bumi tong hilap nimbel rencangna asin jeung sambel....ehmmmm....ni'mat..
Teh si Aa tong dihalangan ......ih siteteh ngagaya wae...geuwat teh....Aa rek lungsur bari nyorodot....sorodot.......sorodot....
Ngojay ge resep deuih tapi baheula mah jaman mamah keur budak keneh tara ieuh ka kolam renang sagala cukup angkat ka gili-gili wetaneun sawah tea geuning da harita mah herang jeung deres tuda caina teh eh kamari mah basa mamah ngalangkung kadinya mani asa helok eta gili -gili teh caina kiruh tur leutak hungkul
Alam geus rusak robah ......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar