Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Kamis, 13 Agustus 2009

Nu kapidangdam.....




Geus jadi kapastian mahluk nu hirup bakal maot tapi urang teu apal iraha urang maotna, nah kusabab kitu dina sajeroning urang hirup rengkak jeung paripolah urang kudu diatur
nya aturana mah tos aya tina agama sareng aturan nu ilahar dipake ku balarea
kumaha sangakan urang inget ka maot? nya salah sahiji na mah ngalayad upami aya kamaotan atanapi nyekar ka kuburan .ieu teh makam ema nu kukuring dipikanyaah
saentosna ema teu aya teh kuring mah nepi kagegeringan kapidangdam beurang peuting
harita teh jam 7 isuk-isuk keneh , ema engap napasna katingal beurat pisan kuring neangan beca
sanggeus meunang clak ema ditaekeun dibaturan kukuring
palebah gang katingal di jalan raya macet pisan da emang biasana ge jam sakitu mah keur meujeuhna loba pisan nu make eta jalan beus karyawan ngadered panjang kitu deui motor katingalna aya kana puluhna
kuring menta ka si emang nyetop beus-beus supaya beca bisa ti heula antukna nepi oge ka klinik teh da emang deukeut sabenerna mah.kuring daftar jeung bebeja menta ditiheulakeun da katingalna ema tos ripuh pisan, hadena teh nu jaga harita kenaleun...bu lurah saha nu teu damang teh..? tarosna. ieu indung kuring geuwat bantuan ceuk kuring teh
indung kuring di pariksa terus disuntik di ubaran ,tunggu cenah satengah jam istirahat weh di didieu ceuk dokterna.sanggeus nunggu satengah jam katingal indung teh geus meueusan napasna teu katingal beurat jiga tadi ,paromana teu pikawatireun teuing
ayeuna mah ngemplong ceuk ema teh ,kring atoh indung dibawa balik
di jalam ema ngomong ka kuring yen ema ngarasa tumanimah mun kuring nu ngabaturan berobat teh ceunah pedah ka kuring mah loba nu wawuheun tea meureun jadi ema teh sok gancang di talek terus diubaran.
poe eta tanggal 01 july 2004 kuring digawe jiga sasari ngan rada penting poe ieu mah bubuhan aya atasan nu datang ti singapura ,jam 2 beurang hape kuring disada lanceuk nu awewe nelpon yen ema kudu dirawat ayeuna geus asup rumah sakit ,kuring nanya kaayaan ema ripuh pisan?
apa kuring kudu balik ayeuna?
teteh ngajawab ema masih bisa calik jeung teu engap napasna ,hate ngemplong jeung ngomong ka teteh yen kuring moal bisa balik ayeuna da masih rapat keneh
balik gawe muru rumah sakit ema siganu atoh jam satengah 3 peuting kuring balik
isukna awak lalungse pisan kuring teu asup gawe tapi nya dasar kudu kitu kuring teu buburu karumah sakit angkeuhan teh indung katingalna geus sehatan jeungna deui apana ngomong karumah sakit teh tos jumahan weh cenah.
kira2 jam satengah 12 kuring ngarasa teu ngenah hate apana nu rek angkat jum'atan teh di wagel weh...antukna angkat ka rumah sakit .di tengahing perjalanan motor nu ditumpakan ngadadak pareum tapi teu lila hirup deui kuring boga pirasat yen ieu kila-kila goreng
bener pisan dugi ka rumah sakit ema tos ngantunkeun nembe pisan
duh Gusti hanjakal sagede gunung ....bet lain tiisuk kadieu teh? hal ieu pisan nepi ka kuring kagegeringan teh sok ngantep ka kereteg hate nu suci nu ti isuk keneh ngabejaan kudu buru-buru miang ka rumah sakit
Dinten jum'at 02 july 2004 ema ngantunkeun bumi alam asa tungkeb,awak asa teu tulangan
tapi kuring sadar , sasadar sadarna yen tos papasten ema harita kedah mulih teh...
Ema lengkah anjeun pinuh ku kamulyaan, pinuh ku kanyaah nu tepi ka danget ieu pisan kuring teu bisa mulang tarima ka jasa-jasa anjeun.
Ema Ayu nu kukuring dipicinta,
Ema meureun kuring lain jalma nu sholehah tapi kuring ngusahakeun ungal poe ngado'akeun anjeun.dina do'a kuring mugia ema ditampi iman islamna dicaangkeun di kuburna.
mugia ema aya dina katenangan di alam kuburna amien...........
Hampura ema sakali deui hampura kuring can nyenangkeun pisan nuju ema jeneng keneh
can tiasa masihan anggoan nu pangsaena , can tiasa masihan naon bae nu ku ema dipikahoyong..
mugia Gusti Allah ngahampura dosa-dosa ema.
nah kulantaran ieu mun kuring ningal babaturan atawa saha bae oge nu masih keneh aya ibuna teu weleh kuring mah sok mere pandangan mun indungna kudu di nomer hijikeun supaya teu hanjakal engkena jiga kuring , naon nu dipikahayang ku indung mun kahontalmah bikeun,turutkeun .
mudah-mudahan pangalaman kuring bisa jadi eunteung keur balarea
I Always love you,Mom............forever

Tidak ada komentar:

Posting Komentar