


tanggal sakitu teh biasa sok rajeun urang kekempel saperak sewang papatungan
sugan sasieureun sabeunyereun mah nulungan papada jalma khususna mah Budak yatim piatu
tapi kamari mah kagiatan teh salian ti eta ibu-ibu sagala bet hayang lomba qasidah sagala rupa
Bu lurah kumaha mun urang ngayakeun lomba cenah saur manuk...nya ari kuring mah ngiringan bae salaku indung sarerea ngahaminan weh kahoyong ibu-ibu nu ngaraos di alhidayah desa
Niti kanu wanci ninggang kana mangsa bet loba

kuring paciweuh ngatur itu ieu jang lomba dibantuan ku Apana....nguruskeun panggung, sound sistemna,jurina,tuangeunana jsb .. tapi ketang dibantuan ku para pangurus pkk desa jeung urang sukajaya nu harita kabagean jadi panitiana..
Der weh...lomba Qasidah teh dikawitan tabuh 9 enjing teh rengse tabuh 3 sonten nya diselang ku netepan lohor unggal grup kudu ngahaleuang 2 lagu nu wajibna lagu Magadhir tea geuning nu liana mah pilihan...teu burung rame acara teh ,poe harita mah asa jadi artis unggal grup menta dipoto babarengan kanggo kenang -kenangan saurna
"Bu...bu lurah grup abi heula photo sareng ibu nya ..., ibu di tengah klik...nuhun ibu. saurna"
hate hayang seuri kutan kitu ari artis dadakan ehheheh.....katingal di photo abi sareng grup Qasidah AL Fatimiyah ,Arrohmah, aduh punten nu sanesna hilap deui nami grupna
upami di pamer sadaya mah nyaeta 9 grup rame pisan jigana...kin sanes waktos nya
Tidak ada komentar:
Posting Komentar