Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Jumat, 14 Agustus 2009

Tochigi lembur panineungan


Harita teh taun 99 dikantor kuring nu mimiti diayakeun test pikeun saha wae nu hayang ka jepang minangka na mah disakolakeun ku kantor kuring ge teu talangke geuwat daftar ngiluan test ,tepi ka imah buburu bebeja kabapana yen kuring rek ngiluan test keur ka jepang nyungkeun widi tiditu na mah da apan salaki kuring bageur pisan enya weh satuju pisan.
nu ngilu test aya kana puluhna : test tulis jeung lisan materi na mah nya eta ngeunaan olahraga Golf ,aturan maen,etiket jsb.
Alhamdulilah geus sababaraha kali test aran kuring aya wae ,hate bungah bari jeung ratug ngahareupan test nu panungtung poe ieu.
test poe ieu teh wawancara nya make bahasa inggris jeung bahasa jepang campur ku bahasa urang oge..nya kuring ge ngajawab sabisa-bisa make 2 basa eta teh bari jeung tatalengtogan ge bubuhana kuring mah teu kungsi ngilu kursus anu formal ngan diajar sorangan bae mukaan kamus jeung neangan buku bacaeun otodidak tea meureun.
*(meuli buku jeung kamus jepang mah nu murah jeung loba macemna hareupeun permai caket pasar uler tea geuning tanjung priuk jakarta utara)
isukan aran nu bakal di sakolakeun teh rek dipajang
kuring ngemplong basa aran kuring aya keneh di keretas nu ditempelkeun dina bor hareupeun pos satpam ngan hate rada ngageter ras inget ka anak kuring nu cikal nu harita mah kakara 3 taun umurna teh. tapi ah...kasempetan hamo datang dua kali pamikir teh hate kuring geus buleud rek miang.
sateuacan angkat kuring jeung babaturan nu lulus test teh diajar heula bahasa jepang , di kursuskeun di kantor pusat nu aya di jakarta lantey 25 harita teh di gedong Wisma nusantara
meh unggal poe bulak -balik ka jakarta teh da guruna orang jepang langsung nu gawena di jakarta.
barang geus sagala beres bral kuring jeung batur liana angkat ka jepang nagara nu geus ka impikeun keneh ti kamari-kamari.
angkatna aya saeutik halangan nu jadwalna ti jakarta langsung ka hongkong teh teu jadi kulantaran di hongkong keur ada badai taipun nya kuring jeung nu liana di transit di singapura ditempatkeun di hotel river view nepi ka waktuna tee off. hemeng ningali singapur mah euy...kulantaran kacida bersihna eta nagara matak resep nu ningal jeung nyicingan
kira-kira jam 10 peuting bral kuring ka bandara deui nu terusna mah ngalayang dugi ka jepang
jam 7 isuk-isuk kuring geus nepi ka bandara Narita dipapageun ku nu rek mawa ka asrama ngarana "Fujimori" Kira-kira 2 jam perjalanan nepi ka asrama teh kuring jeung babaturan nganuhunkeun ka "Fujimori san ".eta asrama teh ngarana JOSEI RYO teuing naon hartina ieu asrama teh boga Nagano Golf nya didieu pisan pagawena cicing katut kuring saparakanca
katingal diphoto kuring nu kenca,Astini tengah,jeung Tio. jeung photo nu luhur engkos,cecep urang sunda nepi ka NIKKO euy.....tingal daun sae nya? HAPA IRO-IRO....sugoi ne....omosiroi..
Tochigi ken -Tochigi cho iraha kuring bisa ka ditu deui ? jalan-jalan, balanja di Ito yokado ,fukudaya ,bari ningalian rupa-rupa tatangkalan nu endah.diuk ditaman nu pikabetaheun
asa ku heran ningali tangkal kesemek nu buahna leubeut pisan nu di jepang mah di sebutna "buah kaki" ah....Tochigi lembur panineungan pinuh ku rupa-rupa kenangan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar