Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Rabu, 09 September 2009

Era parada............

Kuring nyarande dina korsi kapal (pesawat terbang) harita teh kakara balik ti jepang terus reureuh (transit)di singapur
teu lila arasup sarombongan kolot,budak marawa bungkusan tas balanja di singapur sigana mah ( di singapur mah sering aya obral barang-barang alus tea) ningali tina pakulitan jeung panona mah ...kuring apal maranehna urang tionghoa (cina)
ngan nu dipake heran kukuring harita maranehna galecok ngomong teh make basa sunda
kajeun basa sundana garihal ge kuring mah ngarasa reueus jeung asa atoh sagala ....
kukuring didengekeun sagala obrolan maranehna sakapeung mah hayang seuri sagala marukan teh euweuh nu ngartieun meureun...maranehna nyaritakeun harga-harga jeung sajabana nu tadi kumaranehna kaalaman di singapur.
Kuring ngalieuk basa aya nu nyebut aran kuring teh...tapi da teu wawuh eh jeung na deui eta jelema teh lain ngageroan kuring geuning tapi ngageroan anakna nu kira2 9 taun umurna.....
eta jelema urang cina tea nyarekan anakna make basa sunda nu lumayan kasar pedah harita budak teh jauh ti indungna nu keur neangan korsi keneh....
kuring terus ngadedengekeun obrolan maranehna da kadenge wae atuh ngomongna baredas naker singhoreng mah maranehna teh ti karawang sarua jeung kuring
leng kuring ngahuleng sok inget ka awak sorangan , ka bangsa sorangan nu geus meh wegah make basa sunda teh....komo lamun ngomongna dilingkungan nu elit mah...model di pesawat,hotel jsb. kuring harita asa meunang pelajaran ti eta urang tionghoa teh...
maranehna lain urang sunda pituin daraek make basa sunda bari jeung garihal ge....
urang sunda pituin geus era makena,era poknam kagok pajar teh...
lain batur-batur teuing kuring ge di imah mah sok asa hese ngajarkeun sunda ka barudak teh bubuhan unggal usik budak teh ulin jeung pada baturna nu lolobana make basa indonesia wae...
mamalayuan teh ayena mah geus nepi ka sisi kebon,sisi sawah,sisi gunung....
asa era parada ku urang deungeun nu teu eraeun marake basa sunda di pesawat deuih
kuring teu nyaho kumaha carana sangkan urang sunda ,barudak sunda daraek make basana sorangan.........
aya nu boga cara? bejaan kuring ....
geuwat basa urang geus kaancam meh lengit tanpa lebih ilang tanpa karana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar