Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Rabu, 09 September 2009

Hirup mah pa sangka-sangka....


Dina hiji poe kuring amprok jeung babaturan heubeul tanwande galecok nyaritakeun kahirupan sewang -sewangan . manehna guru geus PNS ceuk kuring manehna ngeunah da geus jadi PNS tea ,ngajar ngan sabaraha jam,loba libur,jeungna deui geus pasti pada ngahormat mah..
ari manehna nyangka kuring nu ngeunah teh gawe di swasta teu katalian ku dinas..jeung kitu tea pamikir manehna mah hirup kuring teh mewah teu jiga batur pedah bapana barudak teh Lurah
Padahal mah lamun urang nitenan kahirupan ; kabeh pagawean ge cape ,guru cape ,lurah cape komo pagawe sawasta jiga kuring.meureun katingalna wungkul beda,katingalna wungkul siga nu senang padahal mah susah senang mah kumaha urang.
nya eta kumaha urang narimakeun naonwae anu dibere ku Gusti Allah swt

Senang lain aya di batur,senang lain aya di luar negri
Senang mah ayana dijero ati ,aya di diri hayu urang neangan ku kabersihan ati ...
urang hegarkeun manah ku pikiran-pikiran nu matak bungah, singlarkeun sagala goreng sangka ka batur,ka dulur mudah-mudahan hirup urang senang

inget kuring baheula ....
waktu diajar rumah tangga
harita teh taun 95 mimiti ngontrak imah batur sabulan 70 rewu
kuring duaan usaha beurang peuting bari terus ngadu'a hayang boga imah sorangan paribasa kajeun sagede pelok oge...Alhamdulilah kajieun imah taun 96 ..sugan teh kahayang rek eureun , moal kahayang mah moal aya eureuna .
beres imah hayang meuli kebon,sawah , hayang meuli anu,meuli anu....murudul eta kahayang kadang kala teu sesuai jeung pangala urang...ulah ari kitu mah matak lieur sorangan .

wajar...eta hal teh sabenerna mah wajar,,,jeung emangna ge jalma mah kudu boga kahayang jeung impian ...lamun jelema geus eweuh kahayang, geus teu daek usaha,bahaya.....
tapi urang balik deui ka tujuan awal urang hirup ngan keur ibadah lain keur ngumpulkeun harta , ngumpulkeun haliyah dunya..

sok titenan urang kudu ibadah...geus nyaho cara ibadahna?
sedeungkeun urang usik malik teh mung Gusti anu ngersakeun.
Hirup teh loba teanganeun naon atuh nu kudu diteangan teh? nya eta ilmu maot...
ilmu maot sajeroning hirup...kudu diajar maot memeh maot...
latihan maot keur hirup.......,ambeh ke isuk jaganing geto mun maot teh teu reuwas teuing...
samalah mah kudu ngarasa ni'mat...

Hirup teh aya 3 rupa:
1.Hirup cicing: hirupna tatangkalan,tijukut-tepi ka jati
2.Hirup nyaring: nyaeta sato hewan,hirup -hirupna mah ngan baranghakan wae teu mikiran nanaon, ngalajur napsu
3.Hirup eling : nyaeta hirup keur manusa ,eta ge ngan jelema nu neangan jati dirina,neangan jalan balikna ,jeung ngawawuhan kanu nyiptakeun nana. ieu jelema eling teh ngan saeutik lolobana mah jelema teh hirupna ngan nyaring wungkul jiga sato . pan jelas dawuhan mantena ge manusa nu bakal salamet mah ngan sapertilu bagean nu liana mah moal kaarah bangkar.
naha urang kaasup hirup nu mana?

Duh gusti ....Ampun hijikeun abdi kana golongan nu sakedik weh, ka golongan jalma nu salamet
Amien................

Tidak ada komentar:

Posting Komentar