Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Rabu, 16 September 2009

Katumbiri...........


Basa langit bengras geus reureuh hujan
katingal katumbiri midang
endah lir ibarat lukisan
harita anjeun cumarita yen eta katumbiri teh
nandakeun putri -putri keur marandi
turun ti kayangan suka bungah arulin di mega-mega

Panon anjeun nu cureuleuk teu lesot ti katumbiri
ngan lambey anjeun terus cumarita yen eta teh nyata
harita anjeun nyaritakeun kunaon sababna para putri
marandi tas hujan .....
lain pedah di kayangan teu aya cai ,nanging para putri
hoyong ngintip jajaka urang dunya nu ceuk beja gagah tandingan dewa di surga

ehm....anjeun nu pinter cumarita
harita ngadongeng bari jeung panon teu lesot ti katumbiri
les-lesan katumbiri leungit
reup -reupan langit beurang ka ganti ku peuting

katumbiri anjeun tinggal carita
duka iraha anjeun datang deui dibarengan ku para putri
nu rajeun ngintip dunya ti mega -mega
kuring jajaka dunya
nu teu weleh ngadago anjeun datang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar