Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Rabu, 16 September 2009

Neng........


Neng..
Timimita akang ningal anjeun
bet langsung kalinglap
dumeh sakian taun urang teu tepang
tepang harita lir ibarat munggaran

Neng...
Jantung akang dag dig dug nalika ningal anjeun imut
naha anjeun ayeuna beda ,kaluar aura na
akang terus merhatikeun anjeun
anjeun mah anteng teu apal nanaon
padahal ti harita akang geus neundeun rasa

Neng.....

Meureun anjeun teu apal basa harita akang tuturubun ngilu ngariung
padahal mah ngahaja eta teh supaya antel jeung salira
teu karaos kitu akang nembrag kana peupeuteuyan anjeun
kutan kieu kajamparing asih kabentang asmara teh?
Naha ieu rasa timbul ? lain usum lain wayah
Sababara poe akang huleng jentul
kumaha carana nepikeun ieu rasa ka anjeun
anjeun nu jauh jeung teu apal nanaon
harita akang usaha tarekah neangan laratan anjeun
nya meunang pisan , nya nepi pisan ieu rasa teh didugikeun ka anjeun

Neng........
sabenerna akang sadar , sadar pisan
akang teh geus nyieun dosa
tapi dalah dikumaha ieu rasa teu bisa kaubaran
ngan hiji ubarna iwal nepikeun sagala rasa nu aya dina jeroeun dada ka anjeun
nya ka anjeun pisan

Neng.......
Naha bisa kieu nya? kutan kieu ari cinta
cinta buta tea? ah duka .....
nu dumuk mah harita akang kapikiran anjeun bae
anjeun nu welasan taun teu patepang
padahal baheula basa urang sasarengan
sasatna sasakola tara ieuh pangangguran nanya ,carita
atawa naon bae , malah akang mah harita teh pan eraan
teu wani itu ieu era parada....

Neng.....
dina pagaliwotahna ieu rasa bet ayeuna timbul wawanen
sagala ngajak patepang , ngan urang duaan
enya ngan duaan ,ah kunaon harita anjeun bet nyanggupan
nya kacipta carita ieu.

Neng.....
hampura akang nu geus sologoto nyieun ieu kasalahan
kasalahan nu emang salah , balarea pasti nyalahkeun
sakali deui hampura


ti akang
nu geus midua hate

Tidak ada komentar:

Posting Komentar