Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Kamis, 01 Oktober 2009

Paturay tineung.........

Kahirupan dieusi kurupa -rupa rasa ,rasa sedih,rasa bungah
nu datang silih gantian bari jeung teu nyaho datangna , teu nyaho ingkahna
poe ieu kuring sedih....duka isuk pageto mah
sedih teh dumeh enggal keneh dikantun ku pun bapa
kuring pahatulalis teu indung teu bapa
hadena masih aya dulur jeung baraya nu silih upahan sangkan ulah sedih katutuluyan
jeungna deui salaku muslim teu diwenangkeun ku agama ngalulungkut kabingung jeung kasedih terus-terusan ...sok inget ka hiji lagu sunda ,mun seug di gerenteskeun danget ayeuna matak ngageri ati rambay cisoca.....
Aya mangsana datang
aya mangsana mulang
mulang jeung datang pinasti kasorang
najan hate pinuh ku kabeurat
ngagalindeng ngaturkeun wilujeung angkat
pileuleuyan.....pileuleuyan mugia patepang deui.........
Bapa.........pileuleuyan wilujeng angkat
mugia anjeun aya dina karidhoan ALLAH Ta'ala
Amien...ya robal alamin

ti kuring nu keur tunggara
26 Ramadon 1430 H


1 komentar:

  1. Ngiring Bela Sungkawa ku pupusna Ramana Ibu Sarah Yusuf. Mugia Alloh maparinan katabahan ka nu dikantun sadayana, sareng anu ngantunkeun ditampi Iman sareng Islamnna ditempatkeun anu layak mungguh Alloh SWT. Amin.

    BalasHapus