Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Senin, 12 Oktober 2009

Rongkah.............


Kuring sedih jeung nalangsa ningal batur jeung dulur katunggaraan teh. Naha teungteuingen Gusti Allah teh? tapi gancang kuring istigfar ,lain bebendon kajadian ieu teh tapi ukur pepeling kamanusa kabeh yen nu maha rongkah anging Allah Taala .Lini /Gempa di sumbar teh kawilang mokaha loba pisan korbanna ge
nu tiwasna, teu budak teu kolot teu lalaki teu awewe .Ngan urang kudu inget samangsa-mangsa Allah mere cocoba teh kusabab jalma bisa nyangharepanana .duh sedih naker ningalna loba desa nu ambles, taneuh-taneuh longsor, imah jeung wangunan sejena pabalatak rata jeung lemah.
Lemah cai kuring nu endah asri, kiwari keur ceurik ngabangingik ,sedih kingkin,alum dimana-mana do'a disanggakeun ka aranjeuna nu tos teu aya dikieuna.Tasik,Pangalengan,jeung Padang Pariaman acak-acakan diburak-barik ku gempa bumi ,Ya... Allah... mundut dihampunten sagala dosa perdosaan mahluk sadaya nu kumelendang di alam dunya hususna mah uarng Indonesia
Kanggo baraya nu keur saredih hayu urang sasarengan dzikir ,agungkeun asma Anjeuna Allah swt.
mugia kajadian ieu ulah kasaba karasa ku anak incu urang di jaman nu bakal datang .Amieen....

Ti nu can bisa ngabantu nulungan batur nu keur katunggaraan

Syarah
12 Oktober 2009( senen)




1 komentar:

  1. Allah mah heunteu mere hukuman pikeun mahlukna anging paripolah manusa na sareung ucap tekad manusa nu mawa cilaka kana diri manusa loba nu ngaruksak alam contona leuweung garundul anu teumahna dina mangsa hujan longsor banjir umpama geus kajadian manusa silih salahkeun em gusti maha adil maha wijaksana maha welas maha asih SALAMUN QAOLAMMIRRROBBI ROHHIM kasalameutan pidawuh gusti pikeun umatna

    BalasHapus