Wilujeng sumping,.......

Bagea baraya nu tos kersa rurumpaheun ka ieu blog mugia ieu carita kuring teu aya nu matak nyentug ka jajantung matak tugeunah ka manah malah mandar nyandak kagumbiraan kanu maosna hapunten anu kasuhun boh bilih aya kecap nu teu merenah basa nu teu kariksa.
hatur nuhun

Senin, 21 Desember 2009

Nyeri hate....

Sababaraha poe nu kaliwat percisna mah tgl 16 des 09 ..kuring nyeri hate pisan ku babaturan dikantor. keun urang caritakeun mimitina heula...
3 tahun kaliwat ahir 2006 ,saperti biasa jeungna emang geus aya perjanjiana yen unggal ahir taun karyawan marenang bonus .etateh hal nu lumrah ( barudak nyaho iraha bonus rek dibagikeun,jeung sabaraha) .budak produksi meh unggal menit neleponan kring iraha bonus rek cair ? kuring nu harita bener-bener teu apal bonus iraha cairna mere saran ka budak produksi tanya weh manager maraneh/mng produksi supaya manehna daek nanya ka direktur langsung.
harita ngadenge desas desus cenah moal aya bonus kulantaran perusahaan keur rugi .
manager produksi nanya ka kuring liwat supervisorna...ari bos geus marenang bonus can? kuring ngajawab ari bos mah tos beres.
rupana jawaban kuring teh jadi mamala keur kuring pribadi .si mng produksi bebeja ka mng finance yen kuring ngabocorkeun rusiah peerusahaan. har?....lamun kuring bebeja kamanehna yen bonus si A sakieu, si B sakieu kakara eta rusiah , ari bebeja enggeus menang mah ceuk kuring lain rusiah da bongan manehna nanya. harita kuring meunang surat teguran nu teupingeunaheun hate ...sebel..pisan.ti harita mng fin teh jigana teu resep ka kuring nya ceuk panyangka manehna kuring ngucah -ngaceh rusiah ...dasar bedul sok tara ngadenge penjelasan kuring malah ngadenge batur...keun lah Gusti Allah mah uninga naon nu sabenerna kukuring diucapkeun.
kamari tgl 15 des 09 kuring balik ti heula jam 3 sore da aya perelu pisan ,saperti biasa kuring nitip brankas jeung eusi-eusina koncina ge ku manehna.tgl 16 isuk kuring narima konci2 jsb ti nu sejen/batur nya kukuring ditarima weh.kuring rada ngahuleung 3 lmbar cek leungit hate mah geus teu tenang bisi aya itu ieu. ngan kuring rada bingung budak produksi silih gantian mangkat ka bank nyokot duit bonus padahal kuring teh can nulis cek, can mangkat ka bank pikeun bonus . panasaran kuring nempo internet banking sidik geuning aya 2 debetan nu jumlahna gede naker .kuring aneh padahal isukna kuring sms ka mng kuring manehna keur di pajak teu bebeja keur di bank. naha manehna teh inget deui kitu kajadian 3taun kaliwat ? ngunek-ngunek ka kuring? duka teuing .tapi 2 taun,jeung tau tukang mah kuring nu biasa nulis cek pikeun bonus teh da.
kuring nyeri hate bet kitu teuing manehna teh ,pedahkuring bawahan manehna sahingga kuring teu perlu nyaho kitu? teu boga etika? pikasebelen pisan ....bedul bangkawarah kuring heneg pisan,.kukuring dicicingkeun manehna teh ,meureun manehna ngarasa manehna menta hampura liwat skype ,,ceuk kuring : menta copy cek nu kaluar weh , manehna ngajawab poho ceunah...ampun....beuki teu resep wae kuring kamanehna teh...dasar !!! ahirna kuring menta note ka manehnma yen manehna nu geus nyokot duit ngaluarkeun cek teh. kajadian ieu teh matak nyeri pisan ka kuring mah asa teu dipercaya teu dihargaan pisan tuda.
coba pikir budak produki geus ngaleut nyokot duit nyaraho bonus geus aya. ari kuring nu nyekel duit /keuangan teu nyaho . cek dicokot ,ditulis,dicairkeun teu ngomong nanaon kudu na mah mng fin ngomong yen nyokot cek 3 lembar teu kudu ngomong jang anu jang anu ari teu percaya mah.cukup ngomong nyokot cek . ti ayeuna kahareupna kuring moal neundeun rasa hormat pisan kamanehna ,ceuceub weh nu aya..
nyeri hate teh nepi ka ngaluarkeun cimata ,pagaliwotahna rasa di hate ayeuna teu bisa diupahan ku duit nu geus aya di rekening poe harita.
duh ...aya jelema kitu nya padahal mah manehna teh katingalna rajin solat,puasa,jsb tapi kalakuanan jiga jalma teu nyakola pisan. ceuk batur kuring nu keungsi diajak cumarita mah cenah ieu teh tindakan kriminal /nyokot cek teu bebeja kajeun teuing manehna mnger kuring ge.
hampura gusti kuring geus teu resep ka sifat mahluk damelan anjeun...nya mudah2an kahareup mah nyeri hate kuring leungit ....amien.

1 komentar:

  1. sing sabar wae teh melak goreng buahna ge goreng melak hade buahna g hade da gusti mah nyaksi kana naon nu dipilampah mahlukna tth pribadi uluah rek boga rasa ceuceub atawa geuleuh k manehna margi bilih ngareksk kana akhlak atawa kaimanan tth keun silih buktiken mana nu bener mana nu salah da abi g kantos aya nu mitnah nya abi meredih ka gusti ment dibuktiken mana nu salah mana nu bener akibat nu mitnah k abi kulawargana ancur margi bagi abi tos siap jng nyawana demi kayakinan abi nu sabenerna

    BalasHapus